Sentra Wiyata Guna Bandung Ngakayan 9 Daerah Gawè di 2 Provinsi

- 14 November 2023, 10:54 WIB
Kepala Sentra Wiyata Guna Bandung, Iri Sapria.
Kepala Sentra Wiyata Guna Bandung, Iri Sapria. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Sentra Wiyata Guna Bandung salasahiji ti 31 sentra nu dipibanda ku Kementerian Sosial (Kemensos) RI, nu wilayah pangkayanna di 9 kabupaten kota  di 2 provinsi.

Ka 9 kabupaten  kota wilayah gawe Wiyata Guna Bandung teh: Kota Bandung, Kabupaten Bandung Barat di Jawa Barat, Kabupaten Lampung Timur, Lampung Tengah, Lampung Utara, Waykaman, Masuji, jeung Tulangbawang di Provinsi Lampung

Dina kagiatan sosialna, ceuk Kepala Sentra Wiyata Guna Bandung, Iri Sapria, target  kacumponan saban Pemerlu Pelayanan Kesejahteraan Sosial (PPKS).

Baca Juga: Mapag Pemilu 2024 Kapolres Majalengka Umajak Anggotana Ngaronjatkeun Patroli bareng jeung TNI katut Pamarentah

"Arinyana ti wit murangkalih disabilitas, lansia, kelompok rentan, fakir miskin, korban bencana, atanapi korban NAPZA (narkotika, psikotropika, zat adiktif) sanèsna, ” ceuk Iri Sapria di rohang gawèna, di Gedung Sentra Wiyata Guna Bandung Jl Pajajaran 50-52 Kota Bandung Senèn (13/11/2023).

Ceuk Iri, dina nyalurkeun bantuan sosial Sentra Wiyata Guna Bandung teu nargètkeun sabaraha hiji nu narima bantuan, tapi terus narèkah pikeun nyalurkeun bantuan. Dina taun 2023 ditaksir geus kana 7200 panerima mangpaat.

Dina kagiatan nyalurkeun bantuan pihak Kemen Sosial aya kalana gawè bareng jeung mitra kerja komisi VIII DPR RI . "Nu tos dilakukeun upami di Kabupaten Bandung Barat sareng anggota DPR RI Pak Ace Hasan Syadzily," pokna.

Iri nyontokeun waktu ngabantu korban kahuruan TPA Sari Mukti. "Aya 400 urang nu keuna balukar kahuruan. Arinyana kaicalan kasab tina ngokolakeun runtah di TPA. Harita ogè dibantos ngadegkeun tenda-tenda di lokasi, iwal ti bantosan sanèsna, " pokna. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x