GALURA-Dinas Ketahanan Pangan dan Pertanian (Diskatan) Kabupaten Kuningan, rukun gawe reujeung patani milenial ngayakeun "Pasar Tani", di acara Car Free Day, Jalan Siliwangi Kuningan, Poe Ahad, 13 November, 2023.
Patani milenial, anggotana barudak ngora di Kuningan anu mayeng ngalakonan tatanen, ngawanohkeun hasil tatanen di eta "Pasar Tani".
Rea produk hasil tatanen anu dibudidayakeun sacara hidroponik jeung konvensional anu geus meunang ngolah patani Milenial di jual Harita.
"Pangaosna langkung mirah batan produk olahan anu diiical di pasar umum," ceuk Wahyu.
Nurutkeun Wahyu, Pasar Tani nampa pangrojong ti Ketua TP. PKK Kabupaten Kuningan Hj. Ika Siti Rachmatika.
Kahareupna, Petani Milenial diharepkeun bisa meungkeut rukun gawe reujeung Tim PKK Kabupaten Kuningan.
"Ieu aya patalina sareng pemberdayaan, ngaronjatkeun kualitas, produktivitas sareng mutu hasil olahan konsumsi pangan masarakat," ceuk Wahyu.