Metamorfosis LPS ti Taun ka Taun, Milu Aub Ngajaga Stabilitas Keuangan Nasional  

- 13 November 2023, 08:00 WIB
Ilustrasi pinjaman uang di bank.
Ilustrasi pinjaman uang di bank. /Pexels/Andrea Piacquadio.

 

GALURA.CO.ID. – Ti mimiti ngadeg taun 2004 liwat UU No 24 Taun 2004 ngeunaan Lembaga Penjamin Simpanan, sarta resmi operasi tanggal 22 September 2005, tug tepi ka kiwari LPS geus ngalaman parobahan (metamorfosis) dina peran jeung fungsina pikeun ngajaga stabilitas keuangan nasional.

“Sakawitna mah LPS téh mung gaduh fungsi penjaminan, sarta ngiring aub dina ngajaga stabilitas sistem perbankan luyu sareng wewenangna. Tapi, saprak UU P2SK 2023 dikaluarkeun, LPS bakal nanggung wewenang sareng tanggung jawab nu énggal. Salian ti fungsi penjaminan sareng fungsi ngajaga stabilitas sistem perbankan, LPS ogé baris ngalaksanakeun fungsi atanapi program penjaminan polis asuransi luyu sareng kawenanganana,” ceuk Direktur Eksekutif Klaim dan Resolusi Bank, Suwandi, di Bandung, Kemis, 9 November 2023.

Suwandi ngadadarkeun, dina taun 2023, sabada disahkeunana Undang Undang Pengembangan dan Penguatan Sistem Keuangan (UU P2SK), LPS ogé diamanatan minangka penyelenggara Program Penjaminan Polis (PPP) pikeun nangtayungan nu boga polis, tertanggung atawa peserta ti pausahaan asuransi anu ijin usahana dicabut alatan nandangan kasulitan keuangan. Engké, dina ngalaksanakeun PPP, LPS bakal boga fungsi pikeun ngajamin polis asuransi sarta ngalaksanakeun resolusi pausahaan asuransi ku cara likuidasi. PPP bakal mimiti berlaku 5 taun sanggeusna UU P2SK diberlakukeun, atawa dina taun 2028.

Baca Juga: Jaman Harendong Papak, Nganti Pamingpin nu Bener-Bener Pamingpin, Uga ti Pantun Bogor

“Ieu téh saleresna tos ngawitan jalan, struktur organisasi ogé tos diwangun, sagala palaturan-palaturan tos aya pemetaanana, atuh peningkatan kapasitas ogé tos ngawitan dijalankeun. Mung kantun ngantos Peraturan Pemerintah heula, margi engkéna peraturan turunanana bakal ti dinya. Idealna mah sataun sateuacan 2028 sadayana tos kedah siap," ceuk Suwandi.

Saterusna, dina UU P2SK ngeunaan penjaminan jeung resolusi bank, LPS ogé dilengkepan ku instrumen resolusi bank. Di antarana, liwat mekanisme Likuidasi atawa metode resolusi ku cara ngajual aset-aset milik Bank Dalam Resolusi (BDR) pikeun ngalunasan kawajiban-kawajiban anu dipimilik ku bank. Pilihan séjénna nyaéta Penyertaan Modal Sementara (PMS) atawa nyadiakeun tambahan modal ka BDR kalawan tujuan pikeun nyimpen éta.

Saterusna deui, Purchase and Assumption atawa mindahkeun sawaréh atawa sakabéh aset jeung/atawa kawajiban BDR ka bank panarima. Sarta pamustunganana, opsi pengalihan saheulaanan liwat metode Bridge Bank atawa mindahkeun sawaréh atawa sakabéh aset jeung/atawa kawajiban BDR ka Bank Perantara atawa bank nu diadegkeun ku LPS.***

Baca Juga: Ceuk Mas Mentri, Sekolah Jurnalistik Indonesia (SJI) kudu Dituluykeun

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x