RAT Koperasi Mitra Hanjuang Taun Buku 2022, Leukeun Neundeun Nginjeum Mulangkeun, Maslahat keur Balarea

- 11 Februari 2023, 14:15 WIB
Rapat Anggota Tahunan (RAT) Koperasi PKK RW 11 Mitra Hanjuang, di GOR Desa Cihanjuang, Parongpong, Kab Bandung Barat, Saptu, 11 Februari 2023/ Rameli Agam
Rapat Anggota Tahunan (RAT) Koperasi PKK RW 11 Mitra Hanjuang, di GOR Desa Cihanjuang, Parongpong, Kab Bandung Barat, Saptu, 11 Februari 2023/ Rameli Agam /

GALURA – RAT atawa Rapat Anggota Tahunan Koperasi PKK RW 11 Mitra Hanjuang taun buku 2022 digelar poe Saptu, 11 Februari 2023.

Kalawan dihadiran ku sakumna anggota dibarung tagline Leukeun Neundeun, Leukeun Nginjeum, Leukeun Mulangkeun, RAT Koperasi Mitra Hanjuang taun buku 2022 teh lumangsung di GOR Desa Cihanjuang, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.

Eta RAT Koperasi Mitra Hanjuang taun buku 2022 minangka kalengkepan organisasi tur wadah pangsahihna dina organisasi koperasi.

Baca Juga: 442 Rutilahu di Garut Baris Meunang Stimulan nu Gedena Rp 17,5 juta, dina Raraga Hari Jadi ka-210 Kota Intan

RAT eta koperasi miboga tujuan ngadadarkeun laporan ketak jeung tanggung jawab pangurus salila 2022 sarta nepikeun rarancang RAPB 2023.

Jero taun 2022, Koperasi Mitra Hanjuang nu usahana teh panglayan pinjaman jangka pendek tur jangka panjang, diwengku 508 anggota.

Dina permodalan jeung SHU, simpanan pokok ngahontal Rp25.400.000,-, simpanan wajib Rp784.156.500,-, simpanan sukarela Rp1.231.055.825,-, katut SHU simpan pinjam Rp250.475.237,-.

Baca Juga: Di Leuweung Sancang Kawenehen keneh Maung Kajajaden

Ketua Koperasi Mitra Hanjuang, Hj E Afifah, mertelakeun, ayana koperasi teh mibanda tujuan geusan ngaronjatkeun karaharjaan anggotana sarta masarakat umumna.

Lian ti eta, minangka ihtiar milu aub dina ketak ngarojong paekonomian nasional.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah