Jaman Harendong Papak, Nganti Pamingpin nu Bener-Bener Pamingpin, Uga ti Pantun Bogor

- 12 November 2023, 18:46 WIB
Ilustrasi Prabu Siliwangi, Kisah pertarungan sengit dengan segerombolan macan putih (foto @ainusantara)
Ilustrasi Prabu Siliwangi, Kisah pertarungan sengit dengan segerombolan macan putih (foto @ainusantara) /Nanang S/Galura

GALURA.CO.ID -Kaayaan nagara urang tina pulitik, ekonomi, sosial, karasana tacan reugeujeug. Hal ieu, ngahudang masarakat pikeun ngungkaban deui pabukon-pabukon heubeul ngeunaan uga atawa ramalan. Kaasup di Tatar Sunda. Teu aneh mun patingpucunghul uga nu tadina disidem, nu tadina henteu dibuka keur umum, di antarana Pantun Bogor.

Upamana wae wangsit Siliwangi dikorehan deui, keur noong naon sababna pajamanan kiwari teu pararuguh. Lian ti eta hayang apal iraha waluyana bangsa urang jeung naon tanda-tandana. Atawa nempo iraha datangna pamingpin nu diarep-arep nu mampuh mawa bangsa jeung nagara dina kaayaan beres-roes.

“Aki Uyut Baju Rombeng nu nyusun Pantun Bogor abad ka-19 dina suluk-sulukna geus ngaramalkeun ciri-ciri nu bakal jadi pamingpin di nagara urang,” ceuk Anis Djati Sunda suargi, budayawan Sunda nu dumuk di Sukabumi.

Baca Juga: Bulan Mulud, Gapura Utama Situ Lengkong Panjalu Kabupaten Ciamis Ditutup

Dina Pantun Bogor disebutkeun di nagara urang, dumasar uga tina Pantun Bogor, pamingpin nu diarep-arep teh budak angon nu bakal jadi panguasa panungtungan, panguasa panganggeusan.

Uga ti Tatar Sunda

Ti Ciamis diwanohkeun deui anu disebut uga Kawasen nu ngagambarkeun sual bakal datangna pamingpin sajati nu asli urang Sunda. Unina; Ari anu bakal jadi ratu nyaeta nu make baju butut babadong batok, anu jolna ti gunung Surandil, baderana kararas cau. Eta pamingpin teh dipercaya bakal mampuh mawa nagara nu apanjang-apunjung.

Ti Tasikmala aya uga Galunggung nu nyebutkeun Sunda bakal nanjung lamun pulung turun ti Galunggung. Di Bandung aya uga Bandung, unina Sunda bakal nanjung lamun nu pundung ti ti Cikapundung geus balik deui ka Bandung. Uga Bogor ngaramalkeun Ki Sunda bakal nanjung lamun puseur nagara geus pindah ka kampung Baros (Bogor).

Dina buku heubeul ngeunaan sajarah Cianjur nu judulna Hikayat Suatu Bangsa hingga Lahirnya Nagri Cianjur nu dipedar ku sekda manten Kabupaten Cianjur, Raden Damanhuri suargi dijentrekeun ramalan mangsa-mangsa anu bakal dialaman ku sakumna urang Sunda. Dimimitian ku ayana raja kembar di Tatar Sunda.

Baca Juga: Ngarah Pikasieuneun, Memeh Dipake Topeng Bebegig Sukamantri Ciamis, Sapeuting Ditunda di Pajaratan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah