Nyinglar TPPO, BP2MI Sosialisasi ka Masarakat sangkan Ulah Kaolo ku Calo

- 21 Oktober 2023, 16:55 WIB
Ketua Badan Perlindungan Pekerja Migran Indonesia (BP2MI) Benny Rhamdani.
Ketua Badan Perlindungan Pekerja Migran Indonesia (BP2MI) Benny Rhamdani. /Sopandi/galura

GALURA.CO.ID- Ketua Badan Perlindungan Pekerja Migran Indonesia (BP2MI) Benny Rhamdani ngawawadianan sangkan masarakat bisa mageran diri, ulah ka bongroy ku calo, atawa ulon-ulon nu ngabibita pagawèan di luar negeri bari gancang miangna tur gajihna gedè tapi ilegal.

Kituna ditepikeun Benny satutas nepikeun sosialisasi Pencegahan Tindak Pidana Perdagangan Orang (TPPO) Terhadap Pekerja Migran Indonesia di Desa Sukapura, Kecamatan Kertasari, Kabupaten Bandung, Saptu ( 21/10/ 2023).

Ceuk Benny masarakat kudu dibèjaan. "Masarakat peryogi informasi supados masarakat tiasa mageran diri, ulah dugi ka masarakat dijualbeulikeun, " pokna.

Baca Juga: PWI Bakal Mulangkeun Marwah Organisasi

Benny ngaku embung masarakat jadi korban pihak nu nyiar kauntungan tina bisnis kotor. Ku kituna dirina turun ka desa,  jeung kakuatan masarakat katut nonomanna,  ngajaga masarakat ku luang  gawè ka luar negeri tèh nembrak, malah dipasilitasan ku nagara.

"Palay janten naon, kantun milih. Palay keurseus basa naon disayogikeun. Palay pelatihan naon, kanggo didamel naon dibantos ku pamaréntah, " ceuk Benny.

Ceuk  Benny kacida penting, sabab teu mungkin lapangan gawè kawadahan kabèh di jero nagri. "Komo deui angka pangangguran masih kènèh dina 8,2 juta. Angkatan damel urang di angka 14 juta. Ieu hartosna kaperyogian lapangan padamelan urang luhur, " pokna.

Ku kituna ceuk Benny luang gawè ka luar negeri kudu dimangpaatkeun.."Tah, ieu peryogi inovasi, inisiasi ti masarakat desa, " pokna.

Baca Juga: Makam di Sisi Jalan Cinangka Kabupaten Purwakarta, Ceuk Warga: Pokalna Bu Lurah

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x