Bupati Ciamis: 11 Kecamatan di Kabupaten Ciamis Usum Halodo ayeuna Tigerat ku Cai

- 20 Oktober 2023, 17:38 WIB
Masyarakat Kecamatan Sindangkasih Kabupaten Ciamis, ngagelar solat Istisqo di lapangan gedung Dawah Sindangkasih,  Rebo, 18 Oktober 202.3.
Masyarakat Kecamatan Sindangkasih Kabupaten Ciamis, ngagelar solat Istisqo di lapangan gedung Dawah Sindangkasih, Rebo, 18 Oktober 202.3. /Jarkasih/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Ciamis, Herdiat Sunarya, nyebutkeun balukar halodo panjang jeung hawa panas, tina 27 kacamatan, 11 di antarana tigerat ku cai. Warga di eta 11 kecamatan kakurangan cai keur kaperluan sapopoe.

Bupati Ciamis netelakeun hal itu samemeh ngalaksanakeun solat Istisqo, Rebo, 18 Oktober 2023 di Alun-Alun Ciamis. "Pamarentah siap ngirimkeun bantuan cai ka wewengkon nu tigerat ku cai," pokna.

Kecamatan di Kabupaten Ciamis nu usum halodo ayeuna tigerat ku cai teh: Kecamatan Cihaurbeuti, Cipaku, Cisaga, Banjaranyar, Banjarsari, Kawali, Rancah, Panawangan, Cidolog, Pamarican, jeung Kecamatan Lakbok.

Baca Juga: Ketua Dewan Pers Nunik Rahayu: Tilu Kali Ngarempak, Sertifikat Wartawan Dicabut

Bupati Ciamis miharep ku dilaksanakeunana solat Istisqo, Alloh Subhanahuwataala sagancangna nurunkeun hujan. Solat Istisqo di Kabupaten Ciamis bareng dilaksanakeun, ti mimiti tingkat kabupaten tepi ka tingkat kacamatan jeung desa.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x