Pilkades Serentak, 11 Oktober 2023, Bupati jeung Kapolresta Bandung Umajak Jaga Katingtriman

- 10 Oktober 2023, 18:00 WIB
Bupati  jeung Kapolresta Bandung ngagelar Apel Gelar Pasukan Pengamanan  Pilkades Serentak di palataran Mapolresta Bandung, Salasa (10/10/2023).
Bupati jeung Kapolresta Bandung ngagelar Apel Gelar Pasukan Pengamanan Pilkades Serentak di palataran Mapolresta Bandung, Salasa (10/10/2023). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Rebo, 11 Oktober 2023, lumangsung Pilkades Serentak di 22 desa, 17 kecamatan di Kabupaten Bandung. Calon Kepala Desa (Calkades), 85 urang, makalangan, 22 urang di antarana bakal unggul.

Bupati Bandung Dadang Supriatna umajak ka masarakat sangkan ngagunakeun hak pilihna. Pilkades Serentak teh jadi agenda administrasi pamarèntahan nu dilaksanakeun dumasar undang-undang.

Bupati Bandung miharep masarakat ngajaga katingtriman pesta demokrasi Pilkades Serentak " Simkuring miharep teu kenging aya intimidasi sareng hal-hal negatip," pokna waktu Apel Gelar Pasukan Pengamanan Pilkades Serentak di palataran Mapolres Bandung, Salasa (10/10/2023).

Baca Juga: Jambore PTK PAUD 2023 di Bumi Perkemahan Gunung Puntang Kabupaten Bandung Pamilonna Rebuan

Dadang Supriatna ngaku, pihakna babarengan jeung kapulisian katut TNI, geus nyayagikeun lèngkah-lèngkah antisipasi nyanghareupan potensi-potensi kajadian nu teu dipiharep.

Hususna kana kaamanan wilayah jeung masarakat sangkan teu aya kajadian konflik horizontal balukar tina potensi pacengkadan tina Pilkades Serentak.

Babarengan jeung instansi sèjènna, utamana TNI jeung Polri, ceuk Dadang Supriatna pihakna geus ngararancang jeung nyiapkeun lèngkah-lèngkah humanis, inovatif jeung cara nindak husus dina ngantisipasi kamungkinan kajadian pacengkadan.

Bupati meredih sangkan boh para Calkades boh tim sukses tur nu ngarojongna, nyinglar sikep-sikalep provokatif nu bisa nimbulkeun pacengkadan horizontal. Mun kabuktian milampah kitu bisa kajiret pidana.

Hal nu sarupa ditepikeun Kapolresta Bandung, Kombes Pol Kusworo Wibowo. Inyana baris ngawal langsung jeung ngamankeun Pilkades Serentak di Kabupaten Bandung.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x