Ngungkab Kasus 'Perdagangan Orang', Pagawe Imigran Urang Kuningan Dua Taun Katalangsara di Nagara Deungeun

- 10 Juni 2023, 17:56 WIB
Kapolres Kuningan, AKBP Willy Andrian, nembogkeun foto palaku katut barang bukti tindak pidana pedagangan orang (TPPO), basa Konferensi Pers, di Mapolres Kuningan, Jumaah, 9 Juni, 2023.*
Kapolres Kuningan, AKBP Willy Andrian, nembogkeun foto palaku katut barang bukti tindak pidana pedagangan orang (TPPO), basa Konferensi Pers, di Mapolres Kuningan, Jumaah, 9 Juni, 2023.* /Ajun Mahrudin/

GALURA-Satuan Res Kriminal Kepolisian Resor (Satres Polres) Kuningan ngungkab kasus tindak pidana perdagangan orang (TPPO), nu dilakonan ku saurang awewe inisial (N) (60), urang Kabupaten Cirebon. Ari korbanna inisial K.K (44),  urang Kabupaten Kuningan.


Ceuk Kapolres Kuningan, Ajun Komisaris Besar Polisi (AKBP) Willy Andrian,  N teh pingpinan salah sahiji  pausahaan nu nampung pagawe imigran.

Dina bulan Maret 2021 N miangkeun K.K ka nagara Irak pikeun jadi pagawe imigran. Samemehna, K.K direkrut ngaliwatan pausahaan anu dipingpin ku N.

Baca Juga: Polres Kuningan Nyangkalak Dua Palaku Kasus Narkoba

Sakumaha ilaharna digawe di pausahaan, N menta pasaratan ka K.K. Sanggeus ngalengkepan pasaratan, satuluyna K.K dijemput ku supir pausahaan anu dipingpin ku N. Dijemputna di Kuningan.


Satuluyna N dianteurkeun ka tempat panampungan. Salila saminggu K.K aya di tempat panampungan pagawe eta pausahaan.

K.K oge ngalakonan  nganjrek salila saminggu di tempat panampungan, milik adina N di Tangerang.

Baca Juga: Polres Kuningan Nyalurkeun Bantuan, Pikeun Warga Anu Katibanan Musibat Alam


Satulyna N miangkeun deui K.K ngagunakeun maskapai penerbangan ngaliwatan salah sahiji bandara nu aya di Tagerang., naugjug ka nagara irak.


Korban K.K transit heula salila dua jam di Kota Doha nu aya di nagara Qatar. Sanggeus kitu mah korban miang deui ka Kota As-Sulaimaniyah nu aya di nagara Irak, ngagunakeun maskapai anu beda.


Sanggeus nepika Irak, K.K dijemput ku supir Agent Torist Company, satuluyna korban ditampung di hiji tempat masihdi Kota As-Sulaimaniyah.

Baca Juga: AKP Bambang Purnomo, Kasat Binmas Anyar di Polres Kuningan

Sanggeus kiu K.K dianteurkeun ka kota Arbil. Salia opat poe K.K aya di tempat panampungan, nu aya di kota kasebut. Antukna K.K bisa digawejadi ART (assisten rumah tangga), tapi semet dua poe digawna teh.

Kk dibalikeun deui ka tempat panampungan anu aya di Kota Duhok. Di tempatpanampungan, K.K katarajang gering nepika henteu bisa digawe.


Dina kaayaan kitu, K.K dibawa ku KBRI (Kedutaan Besar Republik Indonesia). Aya kurang leuwih 16 bulan KK aya di KBRI.

K.K bisa balik ka Indonsia dina tanggal 12 April 2023. K.K diduga didagangkeun ku pausahaan anu dipingpin ku pausahaan anu diingpin ku N ka pihak Agent Tourist Company nu aya di irak.


Pasort milik korban ditahan . Lamun rek dicokot kudu ditebus ku duit anu badagna Rp15 juta. Pulisi nyita  salambar visa korban tujuan qatar, salambar tiket pesawat Qatar Airways tujuan ti qatar ka irak, tas warna biru jeung koper warna cream.

 

"palaku diancam pasal 2 ayat (1) jeung atawa 4 Jo Pasal 10 UU RI No.21 Tahun 2007 tentang Pemberantasan TPPO dengan ancaman pidana paling singkat 3 tahun dan paling lama 15 tahun" ceuk Willy. 
.

 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x