Kagiatan sejenna evakuasi tur pengobatan ODGJ garatis di tanggal 28 Juni pikeun wilayah Ligung katut Talaga. Ditambah deui operasi katarak tanggal 4 Juli tempatna di RSUD Talaga.
"Masih seueur kagiatan katut lomba dina raraga ngaramekeun Hari Jadi Majalengka nu bakal dilaksanakeun di satiap Kecamatan, kalebet jalan santai,” ceuk H. Agus.
Hadir dina Rapat Persiapan Hari Jadi jeung Porsenitas Wakil Bupati, Sekda, sakumna kepala OPD, katut camat sakabupaten Majalengka.*** Ayank R Sambara