Sabada Dibebenah, Wisatawan Waduk Darma Mingkin Rea

- 3 Mei 2023, 07:55 WIB
Gubernur Jawa Barat, Ridwan Kamil, keur diwawancara ku para wartawan, di Waduk Darma, Desa/Kecamatan Darma. Kabupaten Kuningan, Rebo, (15/3/2023).*
Gubernur Jawa Barat, Ridwan Kamil, keur diwawancara ku para wartawan, di Waduk Darma, Desa/Kecamatan Darma. Kabupaten Kuningan, Rebo, (15/3/2023).* /Ajun Mahrudin/

GALURA-Ti saprak dibebenah, kaayaan objek wisata Waduk Darma, anu perenahna di Desa Jagara, Kecamatan Darma, Kabupaten Kuningan, katangenna leuwih hade batan samemehna.

Teu Matak heran, lamun kiwari anu arulin ka eta objek wisata mingkin loba. Sok komo basa pere lebaran mah anu arulin ka objek Waduk Darma teh mingkin rea 

Kordinator Lapangan Pengelolaan objek wisata  Waduk Darma, Umar Hidayat, nyebutkeun dina momentum pere lebaran taun ieu wisatawan objek wisata Waduk Darma ngahontal 27 rebu urang.

Baca Juga: Rp 30 Miliar Pikeun Ngabebenah Waduk Darma, Ridwan Kamil : Sing Jadi Objek Wisata Unggulan Kelas Internasional

Salila kurang leuwih 11 poe pihakna Ngokolakeun duit ladang ngajual ticket pengunjung ticket kandaraan ngahontal Rp 602 juta.

Tina jumlah duit sakitu, Rp 460 juta disetorkeun ka pihak Provinsi Jawa Barat ngaliwatan PT Jasa Kepariwisataan (Perseroda).

Ceuk Umar, memang kiwari objek wisata Waduk Darma teh dikokolakeun ku PT Jasa Kepariwisataan.

"Sim kuring saparakanca, kenging kapercantenan kanggo ngokolakeun objek wisata Waduk Darma, saban bulan baris ngalaporkeun hasil ka PT Jaswita Jawa Barat," ceuk Umar.***

 

 

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x