Warga Ngangluh Sual Caah di Desa Pamekaran, Bupati Langsung Turun ka Lapangan

- 29 April 2023, 09:31 WIB
Bupati Bandung Dr. HM Dadang Supriatna ngarèspon bangbaluh warga sual caah di Desa Pamekaran, Kecamatan Soreang, ku turun ka lapangan, Juma'ah (28/4/23).*
Bupati Bandung Dr. HM Dadang Supriatna ngarèspon bangbaluh warga sual caah di Desa Pamekaran, Kecamatan Soreang, ku turun ka lapangan, Juma'ah (28/4/23).* /Dok. Diskominfo/

GALURA - Warga Desa Pamekaran, Kecamatan Soreang, Kabupaten Bandung, nepikeun bangbaluh pasualan caah di RW 07 tepi ka RW 10 di éta désa nu kajadian sababaraha saktu kaliwat, ku lantaran  kapendetna saluran drainase.

Bupati Bandung Dr. HM Dadang Supriatna langsung ngarèspon éta bangbaluh warga ku turun ka lapangan, Juma'ah (28/4/23).

Dadang Supriatna dibarengan ku rèngrèngan BPBD jeung DPMD ngalakukeun panitènan lingkungan di sabudeureun Komplek Pemkab Bandung, perenahna di Desa Pamekaran, Kecamatan Soreang.

Baca Juga: Ngadongdon Lokasi Caah, Bupati Bandung Sagancangna Koordinasi jeung BBWS keur Ngeruk Leutak Walungan

Bupati Bandung Dr. HM Dadang Supriatna ngarèspon bangbaluh warga sual caah di Desa Pamekaran, Kecamatan Soreang, ku turun ka lapangan, Juma'ah (28/4/23).*
Bupati Bandung Dr. HM Dadang Supriatna ngarèspon bangbaluh warga sual caah di Desa Pamekaran, Kecamatan Soreang, ku turun ka lapangan, Juma'ah (28/4/23).*

Iwal ti ngalakukeun lajuning carita laporan warga pakait caah téa, Dadang Supriatna ogè merenahkeun batu munggaaran pangwangunan Balai RW 10 Desa Pamekaran.

"Ieu panitènan téh minangka lajuning carita tina gempungan sim kuring sareng para Ketua RT katut RW sababaraha dinten kalangkung di Rumah Dinas. Tah, ayeuna, sawatara aspirasi warga teh ku sim kuring diwadahan, bari teras turun ka lapangan kanggo nitènan langsung kaayaanana," ceuk Dadang Supriatna.*** Sopandi

 Baca Juga: Tepung Lawung Kulawarga Muhammad Thoyib, dina 3 Dekade ngan Sakali Teu Dilaksanakeun

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x