Ngadongdon Lokasi Caah, Bupati Bandung Sagancangna Koordinasi jeung BBWS keur Ngeruk Leutak Walungan

- 29 April 2023, 09:24 WIB
Bupati Bandung Dr. HM Dadang Supriatna jeung warga di lokasi rawan banjir di wewengkon Kecamatan Majalaya jeung lokasi urug tembok panahan tebing (TPT) di Kampung Sanding, Desa Sindangsari, Kecamatan Paseh, Kemis (27/4/23).*
Bupati Bandung Dr. HM Dadang Supriatna jeung warga di lokasi rawan banjir di wewengkon Kecamatan Majalaya jeung lokasi urug tembok panahan tebing (TPT) di Kampung Sanding, Desa Sindangsari, Kecamatan Paseh, Kemis (27/4/23).* /Dok. Diskimunfo Kabupaten Bandung./

GALURA - Caah (banjir) di Kecamatan Majalaya, Ibun, jeung Paseh nu kajadian poè Rebo, 26 April 2023 pasosorè, salasahijina balukar tina Walungan Citarum jeung anak Walungan Gandok Ciraab mudal sabab ngadèétan. Iwal ti kitu, anak-anak walungan nu di sabudeureun Jalan Raya Laswi Majalaya jeung Jalan Raya Majalaya-Ibun, katut Jalan Pamuruyan Majalaya ngadèétan ku sabab sedimentasi.

Kitu ditètèlakeun ku Bupati Bandung Dr. HM Dadang Supriatna basa ngadongdon lokasi rawan banjir di sababaraha titik, di antarana di wewengkon Kecamatan Majalaya jeung lokasi urug tembok panahan tebing (TPT) di Kampung Sanding, Desa Sindangsari, Kecamatan Paseh, Kemis (27/4/23).

Datangna Bupati Dadang Supriatna ka éta lokasi dibarengan ku Kapolresta Bandung Kombes Pol Kusworo Wibowo, Kepala Pelaksana Badan Penanggulangan Bencana Daerah (Kalak BPBD) Kabupaten Bandung Uka Suska Puji Utama katut rèngrengan, TNI katut rèngrèngan, ogè Forkopimcam satempat.

Dadang Supriatna nètèlakeun, pihakna geus cumeluk ka masarakat dina Hari Kesiapsiagaan Bencana poè Rebo, 26 April 2023, yèn masarakat kudu siap siaga, siap pikeun salamet dina raraga kasiapsiagaan bencana di wilayah Kabupaten Bandung.

Bupati Bandung Dr. HM Dadang Supriatna ngadongdon lokasi rawan banjir di wewengkon Kecamatan Majalaya jeung lokasi urug tembok panahan tebing (TPT) di Kampung Sanding, Desa Sindangsari, Kecamatan Paseh, Kemis (27/4/23).*
Bupati Bandung Dr. HM Dadang Supriatna ngadongdon lokasi rawan banjir di wewengkon Kecamatan Majalaya jeung lokasi urug tembok panahan tebing (TPT) di Kampung Sanding, Desa Sindangsari, Kecamatan Paseh, Kemis (27/4/23).*

Baca Juga: Lingkungan Ruksak, Usum Hujan Banjir, Usum Halodo Tigerat ku Cai

"Kedah aya edukasi, di mana gedé hujan, naon nu kedah disorang atanapi dilakukeun. Upami kajantenan urug, naon nu kedah disorang. Upami kajantenan aya lini (gempa), naon nu kedah  dilakukeun. Ieu tèh kanggo ngirangan korban balukar tina musibat alam," ceuk Bupati Dadang Supriatna.

Patali kaayaan caah nu tumiba di sajumlah wewengkon di Kabupaten Bandung, nurutkeun Dadang Supriatna, kaayaan kawasan hulu Walungah Citarum relatif kakadalikeun sabab danget ayeuna kaayaan di kawasan hulu walungan geus dibebener.

"Nu jelas kaayaan di hilir ku urang kedah langkung dipalirè, ku margi ieu téh balukar sedimentasi atanapi ngadèètan," ceuk Dadang.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x