Tepung Lawung Kulawarga Muhammad Thoyib, dina 3 Dekade ngan Sakali Teu Dilaksanakeun

- 29 April 2023, 09:05 WIB
Tepung lawung kulawarga Muhammad Thoyin bin Thohir.*
Tepung lawung kulawarga Muhammad Thoyin bin Thohir.* /(SOPANDI)/

GALURA - Tepung lawung, Reuni/Silaturahmi ka-30 Kulawarga Muhammad Thoyyib bin Thohir digelar di salasahiji putra Muhammad Thoyib di Desa Sadu, Kecamatan Soreang, Kabupaten Bandung, Ahad (23/4/2023).

Saban taun, sapoè tas Lebaran atawa Idulfitri, ieu kulawarga téh teu weléh ngayakeun reuni. Ketua Panitia Reuni ka-30 Keluarga Muhammad Thoyib bin Thohir Agung nyebutkeun, dina kurun waktu 30 taun, ukur sakali teu dilaksanakeun, basa mahabuna sasalad Covid-19.

Kana 220  nu aub  dina tepung lawung taun ieu, tina 480 urang katurunan Muhammad Thoyib, ti mimiti anak, minantu, incu, katut buyut.

Baca Juga: Uding Solehudin, S.Sos: Lebaran Ngandung Dua Ajen, Idul Fitri jeung Halal Bilhalal

Muhammad Thoyib boga putra 8 urang: Oen Eppendi (1929-1993), Sahro (1931-1956), Dewi, Hasan Waroi (1935-2018),  Entim Khotimah, Iya Wibisana, Sukanda, jeung Syarif Hidayat.

Muhammad Thoyib  dumuk di Desa Sayati, Kecamatan Margahayu. Saban taun acara reuni diayakeun, tujuanana pikeun mantengkeun silaturahmi tur silisambungkeun pancakaki. " Supados silipikawanoh papada kulawarga,”  ceuk Awan, salasaurang anggota kulawarga, minantu ti putra kalima Muhammad Thoyib.

Reuni taun ieu dieusi ku ceramah ti Ustadz Wahyu. Dituluykeun ku pamasrahan kadeudeuh ka sepuh, ka putra Muhamad Thoyib nu masih jumeneng (nu tinggal duaan deui) katut garwa.*** Sopandi

Baca Juga: Ajén Idulfitri, KH Ubaidillah: Ngalarapkeun Atikan Ramadan Geusan Ngaronjatkeun Katakwaan

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x