Anis Baswedan, Mulangkeun Panineungan di Lemah Cai Kuningan

- 12 Maret 2023, 20:48 WIB
Anies Baswedan jajan surabi, keur nitenan geureuhana nyicikeun adonan surabi.*
Anies Baswedan jajan surabi, keur nitenan geureuhana nyicikeun adonan surabi.* /Ajun Mahrudin/

GALURA-Anis Baswedan, Bakal Calon Presiden RI mulangkeun panineungan di daerah kalahiranna Kabupaten Kuningan, Jawa Barat, Ahad, (12/3/2023).

Inyana dibaturan ku istri-na katut tim, jajan surabi di parapatan jalan Jenderal Ahmad Yani, sabudeureun Cipicung Kelurahan/Kecamatan Kuningan.

Eta tempat tukang dagang sorabi, henteu jauh, kurang leuwih 100 meter ti imah kolotna, anu kiwari masih keneh ngadeg.

Baca Juga: BLK Disnaker Kabupaten Kuningan Meunang Bantuan Ti Pausahaan

Ceuk Anis, baheula mah anu dagang surabi lebah dinya teh Bi Ijoh, tapi kiwari geus eureun, da umurna geus kolot.

Pikeun Anis, jajan surabi di lemburna, kiwari beunang disebutkeun mulangkeun panineungan mangsa keur budak.

Lamun balik tas salat subuh ti Masjid Agung Syi'arul Islam inyana sok nyimpang heula, ngadon jajan surabi Bi Ijoh.

 Nya kiwari kasampeur deui, najan Bi Ijoh geus teu dagang deui surabi. Aya gantina, aya nuluykeun Bi Ijoh dagang surabi lebah dinya.


Ceuk Anies, baheula mah Bi Ijoh nyieun surabi teh bari nagog. Nu ayeuna mah bari nangtung

Sual rasa surabi jieunan Bi Ijoh jeung surabi jieunan anu nuluykeun Bi Ijoh, teu jauh beda.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x