Panglayan Paspor Ramah HAM di Kantor Imigrasi Kelas I TPI Bandung, Keur nu Mibanda Pangabutuh Husus

- 14 Februari 2023, 15:00 WIB
Kagiatan panglayan paspor di Kantor Imigrasi Kelas I TPI Bandung, Jalan Surapati, Kota Bandung. Di ieu kantor ge aya panglayan paspor ramah HAM pikeun nu mibanda pangabutuh husus/Galura/RAMELI AGAM
Kagiatan panglayan paspor di Kantor Imigrasi Kelas I TPI Bandung, Jalan Surapati, Kota Bandung. Di ieu kantor ge aya panglayan paspor ramah HAM pikeun nu mibanda pangabutuh husus/Galura/RAMELI AGAM /

GALURA – Panglayan paspor ramah HAM di Kantor Imigrasi Kelas I Tempat Pemeriksaan Imigrasi (TPI) Bandung minangka panglayan pikeun nu rek nyieun paspor nu mibanda pangabutuh husus.

Ayana panglayan paspor ramah HAM di Kantor Imigrasi Kelas I TPI Bandung teh wujud nyumponan hak asasi manusa dina proses nyieun paspor.

Inovasi panglayan paspor ramah HAM di Kantor Imigrasi Kelas I TPI Bandung diprioritaskeun keur maranehanana nu mibanda pangabutuh husus, teu kudu lila ngantay sabot ngajukeun nyieun paspor.

Baca Juga: Ieu Pamaen nu Disiapkeun Persib Bandung keur Nyanghareupan jeung PSM Makassar, Daisuka Sato jeung Febri Absen!

Dibarung tekad ngawujudkeun panglayan prima dina widang kaimigrasian, eta panglayan paspor ramah HAM teh jadi matak leuwih babari tur tumaninah pikeun nu mibanda pangabutuh husus.

Kepala Subseksi Pelayanan Dokumen Perjalanan Kantor Imigrasi Kelas I TPI Bandung, M Tyas Aditya, mertelakeun, panglayan paspor ramah HAM ditujukeun pikeun warga nu disabilitas, nu hamil atawa nu keur nyusuan, lansia umur leuwih ti 60 taun, balita, sarta keur warga nu gering kalawan aya surat diagnosa dokter.

Anapon jadwal panglayan paspor ramah HAM di Kantor Imigrasi Kelas I TPI Bandung teh poe Senen tepi Jumaah, tabuh 08.00-10.00 WIB.

Baca Juga: Najan Ombak Ngagalura, Teu Jadi Hahalang Babinsa Sertu Heri Ngalaksanakeun Tugas Pembinaan Desa

Tah, dina panglayan paspor ramah HAM mah nu rek nyieun paspor bisa langsung datang, teu perelu daftar online heula, tur taya batas jumlah kuota.

“Unggal poe rata-rata aya 60 urang nu ngajukeun panglayan paspor ramah HAM. Ieu panglayan teh minangka wujud tarekah panglayan prima pikeun warga nu mibanda pangabutuh husus nu rek nyieun paspor,” ceuk Tyas Aditya, sawatara waktu kaliwat.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah