Kopi Munding, Urang Rajadesa geus Mikawanoh Pelak Kopi ti Jaman Walanda Mula

- 30 Januari 2023, 12:45 WIB
Urang Rajadesa Ciamis sohor ahli kana melak kopi. Ayeuna rea urang Rajadesa nu muka cafe kopi. Mikawanoh kopi ti jaman Walanda.*
Urang Rajadesa Ciamis sohor ahli kana melak kopi. Ayeuna rea urang Rajadesa nu muka cafe kopi. Mikawanoh kopi ti jaman Walanda.* /

GALURA -Urang Rajadesa Kabupaten Ciamis, Jawa Barat, sohor ahli melak kopi. Masing sakumah wae angarna lahan heg ku urang Rajadesa dipelakan kopi, tangkal kopina teh tumuwuh kalayan subur.

Kumaha mimitina urang Rajadesa, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat ahli kana melak kopi? Tacan aya nu nyukcruk.

Aya nu nyebutkeun urang Rajadesa geus ti baheula nyiar kipayah di Lampung. Waktu di Lampung rea nu ngebon kopi, cenah, urang Rajadesa loba nu nurutan sarta hasilna nyugemakeun.

Baca Juga: TPPAS Legok Nangka Ngagantung Keneh, Can Aya Pausaahaan nu Meunang Tender

Ti dinya mah beuki loba wae urang Rajadesa nu ngumbara ka Lampung, bari tujuanana jadi patani kopi.

Lahan keur melak kopi aya nu nyewa, aya nu gawe bareng, loba deuih ngahaja meulian lahan, boh ti warga asli boh ti nu transmigrasi.

Anu geus boga lahan welasan hektar mah sarta geus ngahasilkeun sok muruhan keur ngurusna.

Tadina mah urang Rajadesa, jadi patanina teh di Lampung, lahanna aya nu meunang nyewa aya nu meunang meuli. Lahan nu dipelakan kopi kawilang lega.

Baca Juga: Pikeun Ngaronjatkeun Pangladen ka Warga, RSUD Kota Bandung Waragadna Rp 516 Miliar

Pasir lungkawing ku urang Rajadesa mah diparelakan kopi. Masing kumaha angarna lahan ku urang Rajadesa mah bisa diropea tepi ka tangkal kopi tumuwuhna harade.

Sabada kajayaan kopi ti Priangan dina jaman Walanda diungkab deui, urang Rajadesa marelakan kopi di daerahna sorangan, ngan ari kebon kopi di Lampung mah henteu ditinggalkeun, sina diurus ku nu sejen, ka Lampungna teh lamun rek panen kopi.

Kiwari loba urang Rajadesa nu marelak kopi di Panjalu, di Sukamantri jeung sajabana. Lalega, leuwih ti sahektar. Teu saeutik nu melak kopina dina lahan Perhutani.

Lolobana mah urang Rajadesa ngajual kopi nu geus garing henteu diolah heula. Patani umumna ukur bisa melak jeung miara wungkul, ari nu ngolah pasca panen mah tacan loba.

Baca Juga: Kakang Rudianto Ninggalkeun Heula Persib, Ieu Patekadannna di Timnas Indonesia

Kiki, Kepala Urusan (Kaur) Keuangan Desa Purwaharja, Kecamatan Rajadesa nyebutkeun urang Rajadesa geus mikawanoh tangkal kopi jeung kopina ti jaman Walanda mula.

“Mung teu terang ti taun sabaraha-sabarahana mah,” pokna.

Di Desa Purwaharja, di Lembur Cintanagara, kungsi aya sababaraha tangkal kopi nu katelahna teh Kopi Munding. Disebut kitu pedah tangkalna badag, kawas tangkal cengkeh, ngalana oge ditaekan.

Ari buah kopina mah umum jeung kopi jaman kiwari nu tangkalna parendek. Tangkalna baradag bisa jadi alatan henteu dipangkas jeung geus puluhan taun umurna.

Ceuk kolot baheula mah meunang melak Walanda, ngan taya katerangan taun sabaraha Walanda melakna. Saenyana mah bisa ditangtukeun iraha melakna, ditalungtik tina umur tangkalna, hanjakal tangkal kopi mundingna geus teu nyesa.

“Parantos ditaluaran sateuacan kopi di urang diparelak deui,” ceuk Kiki.

Tina kituna taya bukti fisik, komo sumber tinulis nu nuduhkeun urang Rajadesa geus mikawanoh kopi ti jaman Walanda mula, ukur carita lisan.

Najan kitu, kaahlian urang Rajadesa kana melak kopi, jadi patani kopi, geus diaku di mana-mana. Lain ukur di Jawa Barat, tapi oge di Lampung jeung di daerah sejenna.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x