Teu sabaraha lilana sakumna patugas kasehatan lalumpatan, muru ka pamuda nu keuna serangan jantung. Eta pamuda dibere oksigen, dicek denyut nadina.
Diungkabkeun Bupati Majalengka eta simulasi pikeun nembongkeun ka tim surveyor akreditasi RSUD Cideres getapanana patugas kasehatan.
Nalika aya kajadian nu luarbiasa saperti aya nu keuna serangan jantung ngadadak, langsung ditulungan sarta SOP pelayananna, penanganan dilaksanakeun ku RSUD Cideres.
“Simkuring oge reuwas dikinten tadi leres aya jalmi nu ngadadak keuna serangan jantung,” ceuk Bupati Majalengka.
Direktur RSUD Cideres, dr. H. Harizal F. Harahap, M.M, nyebutkeun akreditasi kawilang penting dilaksanakeun pikeun dipikanyaho kumaha kualitas pelayanan rumah sakit.
" RSUD Cideres kiwari nyangking Rumah Sakit Type B, kukituna kedah masihan pelayanan nu langkung optimal ka masarakat,” pokna.
Survey akreditasi, pokna deui pikeun ngomean jeung ngabebenh manajemen RSUD Cideres.
“Utamina dina masihan pelayanan langkung hade ka masarakat sareng supados RSUD Cideres janten langkung panghadena kalayan nyangking predikat Paripurna," ceuk Direktur RSUD Cideres.***