Pemkab Bandung Ngocorkeun Rp 1,327 M Uang Kadeudeuh jang Pelatih jeung Pegiat nu Mibanda Prestasi dina FORNAS

25 Juni 2024, 12:24 WIB
Pemda Bandung mere uang kadeudeuh ka pagiat inorga. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Pamarèntah Kabupaten Bandung ngocorkeun anggaran sajumlah Rp 1,327 milyar uang kadeudeuh jang para pagiat jeung pelatih nu mibanda berprestasi dina kalang Festival Olahraga Masyarakat Nasional (FORNAS) VII taun 2023 di Provinsi Jawa Barat.

Uang kadeudeuh minangka wujud apresiasi Pemkab Bandung ka 363 pagiat jeung 37 palatih ti 88 Induk Organisasi Olahraga (Inagor) rekreasi masyarakat nu geus ngawawangi ngaran Kabupaten Bandung dina ajang FORNAS Jabar.

Bupati Bandung Dadang Supriatna dibarengan Ketua Komite Olahraga Rekreasi Masyarakat Indonesia (KORMI) Kabupaten Bandung Emma Dety Permanawati masrahkeun langsung uang kadeudeuh ka para pagiat jeung palatih nu punjul di kalang FORNAS VII tèh di Gedung Mohamad Toha Komplek Pemkab Bandung, Soreang, Senèn, 24 Juni 2024 peuting.

Acara pamasrahan uang kadeudeuh dilaluuhan ku Asisten Pemerintahan dan Kesejahteraan Rakyat Kabupaten Bandung Ruli Hadiana, Kepala Dinas Pemuda dan Olahraga Kabupaten Bandung Erwin Rinaldi, wawakil KORMI Provinsi Jawa Barat katut pihak sèjènna.

Dadang Supriatna nètèlakeun, prestasi nu geus dihontal para pagiat olahraga, lain saukur matak reueus pikeun para pagiat olahragana, tapi ogè pikeun sakumna masarakat Kabupaten Bandung.

Dina FORNAS VII Jawa Barat  juara umum. KORMI Kabupaten Bandung panglobana ngirimkeun para pagiatna.

"Ieu kadeudeuh tangtosna hasil tina jerih payah para pagiat, nu lobana 363 pagiat jeung 37 palatih nu meunang ampir 270 medali waktu FORNAS VII taun 2023 dihontal ku Jawa Barat jadi juara kalayan mayoritas pagiat asal Kabupaten Bandung," ceuk Dadang.

Dadang Supriatna miharep uang kadeudeuh  mangpaat tur jadi pangrojong pikeun leuwih ngaronjatkeun prestasi. " Simkuring ngaraos reueus sareng ngahaturkeun nuhun ka para pagiat sareng palatih di kalang FORNAS nu kenging uang kadeudeuh," pokna.

Dadang Supriatna ngaku nitènan antusias masarakat pikeun aub dina kagiatan olahraga rekreasi tumuwuh kacida luhur.
Ku kituna ka hareup, ceuk Dadang Supriatna, sarana olahraga perlu diperhatikeun di tiap kecamatan.

"Tina sajumlah kaperyogian mana nu wajib sareng pilihan, urang programkeun. Insya Allah taun 2025, aya dua kecamatan urang perhatikeun sarana olahragana, nyaèta Cicalengka sareng Ciparay," pokna.

Dadang Supriatna menyebutkeun, intervensi anggaranana bisa liwat desa lantaran di desa ogè aya duta KORMI. "Duta KORMI  tiasa ngafasilitasan nungtun sakum para pagiat nu aya di sèwang-sèwang desa," pokna.

Ceuk Dadang Supriatna arang pisan kagiatan olahraga masarakat ditoèl. Tapi sanggeus Ketua Umum KORMI Kabupaten Bandung dipingpin ku Hj. Emma Dety Permanawati, KORMI Kabupaten Bandung hudang tur jadi jawara.

Bupati Bandung nyebutkeun potensi olahraga masarakat kacida luar biasa.Ti 88 Inorga, kana 56 inorga di Kabupaten Bandung geus kabentuk. 

"Tangtangan ka payun, Pemkab Bandung kudu ngafasilitasan sarana olahraga nu aya di sewang-sèwang kecamatan," pokna.

Dadang Supriatna nyebutkeun, danget ayeuna geus kabentuk duta KORMI di 270 desa jeung 10 kelurahan, ogè pamarèntah geus mèrè intervensi anggaran di desa sareng kelurahan bieu. "Insya Allah KORMI terus maju sareng mekar," tandesna.

Dadang Supriat miharep dina FORNAS VIII di Lombok NTB engkè, KORMI Kabupaten Bandung ulah tepikeun ka èlèh ku provinsi sèjèn. "KORMI kedah nyayagikeun para pagiat nu baris tandang engkè di NTB," pokna

Kepala Dinas Pemuda dan Olahraga Kabupaten Bandung Erwin Rinaldi nètèlakeun pagiat jeung pelatih nu meunang medali dina kalang FORNAS VII lobana 318 urang, nyaèta 37 pelatih jeung 281 pagiat tina 88 inorga.

"Nu kengung medali emas sajumlah 133 urang, medali perak 107 urang sareng nu kènging medali perunggu 41 urang," ceuk Erwin Rinaldi. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler