UMKM Kampung Boneka Desa Sayati Jadi Andelan Fornas VII di Kabupaten Bandung

- 14 Maret 2023, 08:09 WIB
Sekcam Maragahayu Agus Setia Rohman (kénca) jeung Kabid Ekraf Disparbud Kabupaten Bandung Vena Andriawan.*
Sekcam Maragahayu Agus Setia Rohman (kénca) jeung Kabid Ekraf Disparbud Kabupaten Bandung Vena Andriawan.* /(SOPANDI/ Galura Pikuran Rakyat. com)./

GALURA - Camat Margahayu Asep Suryadi, liwat sekretarisna Agus Setia Rohmana nyebutkeun, pihakna  geus ngadata "home stay"  nu baris dipaké atawa diséwakeun, pikeun ngamangpaatkeun luang ngaronjatkeun ékonomi dina Fornas VII nu baris lumangsung 2 - 9 Juli 2023 di Kabupaten Bandung.

Ceuk Agus, loba palaku UMKM di Margahayu, aya Kampung Boneka di Desa Sayati, Kampung Rangsel di Desa Margahayu Tengah, jeung kuliner di désa lianna.

"Aya kana 50 palaku UMKM di Kecamatan Margahayu, tapi nu leuwih diandelkeun mah Kampung Boneka. Sanes hartos UMKM nu sèjènna teu dipalirè. Kampung Rangsel sareng kuliner saban désa ogè kedah  disiapkeun," ceuk Agus.*** Sopandi

 

 

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Pemilu di Daerah

x