Tatahar Jadi Pribumi Fornas VII, Pemkab Bandung Ngadata Akomodasi jeung UMKM

- 14 Maret 2023, 07:59 WIB
Kabid Ekraf Disparbud Kabupaten Bandung Vena Andriawan (kenca) jeung Sekcam Margahayu Agus Setia Rohman.*
Kabid Ekraf Disparbud Kabupaten Bandung Vena Andriawan (kenca) jeung Sekcam Margahayu Agus Setia Rohman.* /(SOPANDI/ Galura Pikuran Rakyat. com)./

GALURA - Pamarèntah Kabupaten Bandung, lebah dieu Bidang Ekonomi Kreatif (Ekraf) Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud) keur ngadata akomodasi jeung UMKM patali baris diayakeunana Festival Olahraga Rekreasi Nasional (Fornas) VII.

Kabid Ekraf Disparbud Kabupaten Bandung Vena Andriawan nètèlakeun, pikeun nyiar rohang ékonomi dina hajat ieu aya 7 kecamatan nu baris dilibetkeun jadi lokus.

"Di antarana Kecamatan Margahayu, venue-na di Lanud Sulaiman, di Kecamatan Soreang, arealna aya di Pemda, Gedong Budaya Soreang, sareng Hotel Grand Sunshin, di kawasan Stadion Si Jalak Harupat, sareng destinasi wisata di Rancabali,” ceuk Vena basa sosialisasi pendataan akomodasi jeung UMKM di Kecamatan Margahayu, Senèn (13/3/2023).

Baca Juga: Bupati Bandung Daria Nyanghareupan Fornas VII/2023

Nurutkeun Vena, pihakna ngadata heula akomodasi jeung UMKM , diluyukeun, dititènan kumaha engkè di masing-masing venue, jeung sabaraha urang nu kalibet. "Engkè , tangtos  bakal sabanding lempeng sareng hasil UMKM nu diperyogikeun. Tina kuliner, oléh-oléh dugi ka anggoan,” pokna.

Vena nyebutkeun, Kabupaten Bandung taun 2023 ieu jadi pribumi Fornas VII satutas dina Fornas VI taun 2021 di Palembang, Sumatera Selatan, jadi pinunjul umum.

Fornas VII rarancangna digelar 2 - 9 Juli 2023, diiluan ku 34 Kabupaten/kota sa-Indonesia.*** Sopandi

Baca Juga: Minangka Pribumi, Kadispora Miharep, Fornas VII Kabupaten Bandung Suksés Hajatna Punjul Atletna

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x