Minangka Pribumi, Kadispora Miharep, Fornas VII Kabupaten Bandung Suksés Hajatna Punjul Atletna

- 9 Maret 2023, 07:34 WIB
Kadispora Kabupaten Bandung Kawaludin.*
Kadispora Kabupaten Bandung Kawaludin.* /SOPANDI/

GALURA - Kepala Dinas Pemuda dan Olahraga (Kadispora) Kabupaten Bandung Kawaludin miharep, Kabupaten Bandung suksés minangka pribumi tunggal Festival Olahraga Rekreasi Masyarakat Nasional (Fornas) VII nu baris lumangsung 2 - 11 Juli 2023.

Sajaba suksés minangka pribumi, Kawaludin ogè miharep para atletna punjul prestasina tepi ka ngawawangi ngaran Kabupaten Bandung.

Kawaludin nyebutkeun, Kabupaten Bandung mibanda ampir 75 potensi olahraga rekreasi masarakat. Danget ayeuna karèk karègistrasi 20 kapangurusan.

Baca Juga: Ketua KORMI Emma Dety; Kasiagaan Kabupaten Bandung Jadi Pribumi Formas Kudu Maksimal

"Kanggo ngaronjatkeun prestasi, pamarèntah daèrah gaduh  kawajiban ngabina kaolahragaan di daérahna. Boh organisasi, atlet, boh sistem kaolahragaanana," ceuk Kawaludin basa ngahadiran bimbingan teknis (bimtek) di Hotel Sutan Raja Soreang, Salasa (7/3/2023).

Numutkeun Kawaludin, bimtek ieu diayakeun pikeun kasiapsiagaan nyanghareupan Fornas tèa.

Kana 70 urang aub dina bintek ieu. Sajaba 20 pelatih dina cabang olahraga rekreasi masarakat, ogè  31 Korwil KORMI  kecamatan sa-Kabupaten Bandung, katut 19 pangurus KORMI Kabupaten Bandung. "Jadi 70 peserta bimtek," ceuk Kawaludin nandeskeun.***

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x