Bupati Bandung Daria Nyanghareupan Fornas VII/2023

- 9 Maret 2023, 07:54 WIB
Bupati Bandung Dadang Supriatna.*
Bupati Bandung Dadang Supriatna.* /Diskominfo/

GALURA - Kabupaten Bandung bakal jadi pribumi Festival Olahraga Rekreasi Masarakat Nasional (Fornas) VII/2023 nu baris digelar 2-11 Juli 2023.

Dina raraga kasiapan ieu Komite Olahraga Rekreasi Masarakat Indonesia (KORMI) ngayakeun bimbingan teknis (bimtek) pembinaan dan pengembangan organisasi Komite Olahraga Rekreasi Masarakat (KORMI) Kabupaten Bandung di Hotel Sutan Raja Soreang, Kemis, (7/3/23).

Réana 70 urang nu aub dina bimtek ieu, ti 20 pangurus induk organisasi olahraga (inorga) tradisional, 19 pangurus KORMI Kabupaten Bandung, jeung 31 pangurus Korcam KORMI tingkat kecamatan sa-Kabupaten Bandung.

Bupati Bandung Dadang Supriatna miharep, ku Bimtek Organisasi Keolahragaan KORMI Kabupaten Bandung ieu, pelaksanaan Fornas VII/2023 lumangsung kalawan lungsur-langsar.

Baca Juga: Minangka Pribumi, Kadispora Miharep, Fornas VII Kabupaten Bandung Suksés Hajatna Punjul Atletna

Bupati hayang inorga-inorga di Kabupaten Bandung nambahan. Ku kituna perlu terus disosialisasikeun ka masarakat.

"Ngalangkungan bimtek ieu dipiharep para peserta nambih luang sareng paham sagemblengna perkawis inorga sareng  nu sanèsna," ceuk Dadang Supriatna satutas muka acara bimtek.

Bupati Bandung mikahayang aya kolaborasi jeung sakumna komponen, utamana para palaku UMKM.

Nurutkeun  Dadang Supriatna, engkè dina eta kagiatan, kana 20.000 urang ti 34 provinsi di indonesia baris hadir ka Kabupaten Bandung, tepi ka minangka pribumi kudu daria nyiapkeun diri.***

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x