Ngaronjatkeun Ketak Kader Posyandu Kota Cimahi pikeun Nyegah ‘Stunting’ Balita

25 Maret 2023, 03:50 WIB
Gempungan ngaronjatkeun pangaweruh patugas/kader dina tatalaksana KIA SDIDTK pikeun nyegah stunting balita, alpukahna Dinas Kesehatan Kota Cimahi, di Kampus Unjani.* /Dok. Dinkes Kota Cimahi/

GALURA - Istilah stunting ka dieunakeun mingkin populer, alatan jadi salasahiji pasualan gizi nu kudu terus diungkulan.

Gurat badagna mah stunting téh kaayaan gagalna kamekaran awak budak balita ku sabab kakurangan gizi. Ukuran awakna tembong teu samistina, teu saluyu jeung ilahar nu saumuranana.

Kakurangan gizi bisa kajadian ti masih kéneh di jero kandungan, tuluy katémbong stunting sanggeusna umur 2 taun. Padahal kaayaan gizi nu hade téh minangka sarat utama ngawujudkeun sumber daya manusa nu sehat tur unggul.

Dina gempungan ngeunaan tatalaksana Buku Kesehatan Anak dan Ibu (KIA) katut Stimulasi Deteksi dan Intervensi Dini Tumbuh Kembang (SDIDTK), Wali Kota Cimahi, Dikdik S. Nugrahawan, ngécéskeun, prevalensi stunting di Indonesia nyaéta 37,2 peresen.

Sedengkeun di Kota Cimahi mah angka stunting balita 2021 nyaéta 10,18 persen, laju turun dina taun 2022 jadi 9,7 persen.

Baca Juga: Seminar Pikeun Ngaronjatkeun Palayanan Kasehatan Darurat Masarakat

"Kajadian stunting balita jadi matak babari gering, kamampuh kognitif ngurangan, fungsi awak jadi teu saimbang, jeung séjénna. Nyinglar stunting bisa ti anggalna ku cara gizi sehat nalika kakandungan, jeung program pendampingan seribu hari pertama kehidupan," pokna.

Tarékah séjénna pikeun nyegah stunting téh nyaéta ku cara méré ASI éksklusif, pola makan nu hadé, cukup sayuran, karbohidrat, jeung protein, ogé kalawan noron datang ka posyandu.

Kitu deui, kaayaan sanitasi ge kudu hadé, jamban sehat, turta ayana cai beresih.

Kalawan alpukahna Dinas Kesehatan Kota Cimahi, éta gempungan téh lumangsung di Kampus Unjani, 13 Maret 2023, tur diiluan ku 150 peserta.

Baca Juga: Mangpaat Saledri keur Kasehatan, Cek Ahli Kasehatan Bisa Nyegah jeung Ngungkulan Kanker

Boga maksud enggoning ngaronjatkeun ketak petugas jeung kader dina tatalaksana Buku KIA jeung SDIDTK.

Ceuk Dikdik S. Nugrahawan, kalintang pentingna ngaronjatkeun pangaweruh jeung katapis patugas atawa kader dina panglayan kasehatan di posyandu, kaasup kasehatan indung jeung budakna, atawa balita.

"Kalawan nyoko kana tatalaksana Buku KIA katut SDIDTK, pangaweruh tur ketak parakader di posyandu enya-enya bisa ngungkulan katut ngadeteksi pikeun ngurangan resiko stunting balita," pokna.***

 Baca Juga: Sosialisasi Kasehatan Ceuli, Mieling Hari Pendengaran Sa-Dunya 2023 di Kota Cimahi

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler