Workshop Drama Basa Sunda di Pusat Budaya Pagerageung, pikeun Guru SMA jeung SMK Sa-Jawa Barat

22 Maret 2023, 05:45 WIB
Iman Soleh ngaworkshop akting/pemeranan ka peserta Workshop Drama Basa Sunda pikeun Guru SMA jeung SMK Sa-Jawa Barat, di Pusat Budaya Pagerageung, Tasikmalaya, 20-21 Maret 2023.* /Panitia WDBS/

GALURA – Workshop Drama Basa Sunda pikeun Guru SMA jeung SMK sa-Jawa Barat digelar di Pusat Budaya Pagerageung, Tasikmalaya, 20-21 Maret 2023.

Éta Workshop Drama Basa Sunda téh rukun gawe Padepokan Seni Bumi Ageung, Balai Bahasa Provinsi Jawa Barat, jeung Pusbanglin Badan Bahasa Kemendikbudristek.

Kalawan diiluan ku 100 peserta, guru Basa Sunda jeung guru Seni Budaya SMA/SMK sa-Jawa Barat, dina workshop ge aya pintonan drama Amara Rababu garapan Téater Dongkrak Tasikmalaya, karya Nazarudin Azhar, sutradara Tatang Pahat.

Demi nu jadi panyaturna, nyaéta satrawan Hadi AKS, Rosyid E Abby (sutradara, penulis naskah, jurnalis), katut Iman Soleh (dosén téater, aktor, sutradara).

Harita, Hadi AKS ngadadarkeun ngeunaan nulis naskah drama, Rosyid E. Abby midangkeun bagbagan sual penyutradaraan, anapon Iman Soleh mah ngaguar perkara pemeranan.

Baca Juga: Ngareuah-reuah HPN 2023 di Sumut, Karya Urang ‘Galura’ Asup Buku Antologi Puisi Wartawan

Rosyid E. Abby ngadadarkeun masalah penyutradaraan. *

Ceuk Rosyid E Abby, drama minangka salasahiji genre dina sastra salian sajak jeung prosa. Cindekna, drama téh hiji wanda kasenian nu ngadadarkeun carita dina wangun dialog (paguneman) jeung laku di hareupeun nu lalajo.

Dina drama, dimensi sastra diwangun ku unsur intrinsik nu kapidangkeun dina judul, téma, tokoh, plot, seting, sarta amanat nu ditepikeun.

Sedengkeun unsur ekstrinsikna mah aya dina kamotékaran pangarang katut sagala rupa nu mangaruhan kana karya pangarang.

“Tah, sutradara mah jalma nu tanggung jawab kana lumangsungna prosés produksi jeung pagelaran. Tugasna, milih naskah, laju ngulik naskah, sarta nafsirkeun naskah, nu antukna jadi hiji runtuyan pintonan ti awal tepi ka ahir. Ketak sutradara lir koordinator, organisator, konseptor, motor nu ngagerakkeun, oge minangka guru nu ngaping tur ngalatih,” ceuk Rosyid E Abby, nu ogé Pamingpin Redaksi SKM Galura jeung Pembina Teater Senapati Bandung nu tepi ka ayeuna konsisten ngagarap/nyutradaraan drama basa Sunda.

Baca Juga: Mapag Poé Basa Indung 21 Februari 2023, Hadi AKS: Basa Sunda Terus Mekar Luyu jeung Pajamanan

Ari sual pemeranan atawa kaaktoran, ceuk Iman Soleh, aktor boga tugas neuleuman inti karakter sarta midangkeun éta karakter ka nu lalajo.

Prosés pemeranan bisa dimimitian ku analisa peran nu rék dipaénkeun, mikanyaho tujuan karakterna, katut obyektivitas karakter nu dipikahayang lagu minton dina drama.

“Para aktor kudu paham kana karakter tokoh nu baris dipintonkeunana, luyu jeung téma tur aksi dina pagelaranana,” ceuk Iman Soleh, nu ogé sesepuh Komunitas Celah Celah Langit.

Tah, nodél kana perkara séjén, nyaéta sual kamekaran katut kaayaan drama basa Sunda, dibandingkeun jeung daérah séjén di Indonésia, kahirupan drama basa Sunda téh kawilang pangsuksésna.

Ti mangsa ka mangsa, minat masarakat, kaasup ti entragan ngora, terus ngageder micintana kana drama basa Sunda.

“Éta téh teu leupas tina ketak komunitas-komunitas téater nu tetep konsisten ngagarap drama Sunda, saperti Teater Sunda Kiwari, Teater Dongkrak, Teater Senapati, jeung nu lianna,” ceuk Iman Soleh.

Baca Juga: Dilélér Hadiah Sastra Rancagé 2023, Hadi AKS: Sastrawan Sunda Kudu Lampar!

Ku kituna dipiharep, ketak pamaréntah téh lain ukur fasilitator, tapi kudu leuwih daria ngarojong kana kalumangsungan kahirupan drama basa Sunda.

“Salila ieu, ketak pamaréntah jeung dunya swasta kawilang teu katémbong hadé dina ngarojong kamekaran drama basa Sunda,” pokna.

Hadi AKS ngadadarkeun perkara nulis naskah drama.*

Sedengkeun ceuk Hadi AKS, pikeun ngarawat régenerasi nu karep ngarumat kahirupan drama basa Sunda, copélna kudu aya forum komunikasi-silaturahmi lintas generasi.

Tina éta média forum komunikasi nu lumangsung noron téh dipiharep ayana silitukeur pangaweruh tur pangalaman di satengahing konsistensi ngahirupkeun-ngagarap drama Basa Sunda.

“Ti dinya bakal aya transformasi pangaweruh, mikanyaho runtuyan lalakon komunitas téater ti mangsa ka mangsa nu salila ieu terus ngagarap drama basa Sunda. Ku kituna, entragan ayeuna teu leungiteun obor kana kalumangsungan drama basa Sunda. Féstival nu diayakeun kalawan noron gé, éta baris ngajaga kahirupan drama basa Sunda,” ceuk Hadi AKS, nu oge sesepuh Saung Sastra Lembang.***

Baca Juga: Pagelaran Longser 4D, Daring, Durarang, Duraring, Dong, Sambada UPI Bandung, Hirup Mah Perjoangan!

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler