Harga Daging Sapi Undak di Pasar Baru Kuningan

20 Maret 2023, 18:45 WIB
Padagang daging sapi di Pasar Baru Kuningan nganti anu meuli., Kemis. (16/3/2023).* /Ajun Mahrudin/

GALURA-Harga daging sapi lokal di Pasar Baru Kabupaten Kuningan Rp 130 rebu sakilona. Samemehna, harga daging sapi di ieu pasar tradisional teh Rp 120 rebu sakilona, hartina undak Rp 10 rebu sakilona.

 

Eta hal kaharti, lantaran nyanghareupan munggahan mapag Ramadhan. Rea anu butuh daging sapi.

 

 Sajeroning kitu, harga daging domba mah angger Rp 150 rebu sakilona. Beda reujeung harga daging hayam tina Rp 33 rebu kana Rp 35 rebu,  hartina undak Rp 2000.

 

Baca Juga: Padagang Daging Sapi Nganti Mangsa Marema

Nyabit deui sual harga daging sapi di Pasar Baru Kuningan, samemehna Rp 120 rebu sakilona. 

 

Sanajan harga kabutuh poko sejenna nerekel, harga daging sapi mah henteu ngaronjat, undak teh kakara deui ayeuna pitilupoeun munggahan.


 

Padahal, ti beh ditu harga kabutuh poko dahareun geus apung-apungan. Contona wae harga endog hayam tina Rp 28 kana Rp 30 rebu, data per 16 Maret 2023. 

 

 Kiwari harga endog hayam Rp35 rebu sakilona.

 Kepala Bidang Pasar Dinas Koperasi UKM Perdagangan dan Perindustrian Kabupaten Kuningan, Dede Sutardi nyebutkeun, salila dua poe ieu anu baralanja di pasar Baru mingkin rea, kaasup anu mareuli daging sapi.

 

Mareng reujeung ngaronjatna anu balanja,  harga sababaraha bahan poko di Pasar Baru Kuningan undak, kaasup harga daging sapi tea.

 

 Tapi kituna teh, ceuk Dede, ngaliwatan Kepala Sub Kordinator Pemeliharaan Pasar, Sartono, undakna harga daging sapi jeung bahan poko dahareun teh beunang disebutkeun wajar.

 

"Harga bahan poko masih wajar, sakedap deui bade munggahan, masih kahontal ku masarakat," pokna.***

 

 

 

 

Editor: Ajun Mahrudin

Tags

Terkini

Terpopuler