Padagang Daging Sapi Nganti Mangsa Marema

- 16 Maret 2023, 21:45 WIB
Padagang daging sapi di Pasar Baru Kuningan nganti anu  meuli.*
Padagang daging sapi di Pasar Baru Kuningan nganti anu meuli.* /Ajun Mahrudin/

GALURA-Sajeroning nerekelna harga bahan poko, harga daging sapi hususna di Pasar Baru Kabupaten Kuningan, tacan undak.

Ceuk Nono (54), salah saurang padagang daging sapi di eta pasar, nyebutkeun harga daging sapi lokal Rp 120 rebu sakilona.

Pon kitu, harga daging domba Rp 150 rebu jeung daging hayam Rp 30 rebu sakilona.

 

Baca Juga: Miéling Hari Air Dunia Tingkat Jawa Barat di Kuningan

"Rupina engke atos caket munggah, biasana naek, paling naek lima rebu sakilona" ceuk Nono, Kemis, (16/3/2023).

Nurutkeun Nono, sual naek harga daging sapi dina mangsa rek munggahan, eta geus biasa saban taun dina mangsa rek munggahan jeung lebaran.

Tapi aya anu dianti-anti dina mangsa munggahan jeung lebaran nyaeta mangsa marema, rea anu meulina keur nyumponan kabutuh munggahan jeung lebaran tea.


“Mudah-mudahan dina munggah sareng lebaran taun ieu tiasa marema," ceuk Nono.

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x