Masarakat Jatinangor Padet, Ateng : Tingtrim Alatan Aparat Surti Kana Potensi Masarakat

27 Januari 2023, 21:10 WIB

GALURA- Danramil Jatinangor  Bandung, Kapten Arhanud Ateng Jaelan, meunteun Jatinangor mangrupakeun puseur atikan.

Di ieu daerah aya  UNPAD, IPDN, IKOPIN, ITB, jeung réa-réa deui paguron luhur Jeung lembaga atikan sejenna.

Baca Juga: Jalan Sindangjawa-Bunigeulis Urug, Rea Gorong-Gorong Kapendet Batu

"Jatinangor beda jeung wilayah nu séjén, najan aya desa tapi geus  ngadeukeutan perkotaan, ceuk Ateng, ka wartawan di kantorna, Juma'ah (27/1/2023).

 Baca Juga: Desa Mandiri di Kabupaten Ciamis terus Nambahan, Ketua APDESI Kabupaten Ciamis: Hasil Karancagean Kepala Desa

Ceuk Ateng, satuluyna, kagiatan masarakat di Jatinangor  padet, tapi cukup tingtrim. Eta alatan aparatna surti kana potensi masarakatna.

Pikeun ngawangun katingtriman  hiji daerah,  ceuk Ateng, sajaba butuh pamingpin kawas camat, danramil, kapolsek katut kepala desa  nu tandes, tapi ogé nu surti kana potensi masarakat.

Baca Juga: Jalan Sindangjawa-Bunigeulis Urug, Rea Gorong-Gorong Kapendet Batu

Ateng nandeskeun, cohagna mah pikeun nyiptakeun katingtriman hiji wewengkon teh, aparat kudu bisa ngabina masarakat.

"Upama eta tos kahontal, hiji wilayah bisa disebat kondusif atawa tingtrim, " ceuk ieu Danramil  nu kakara opat bulan leuwih mencén di Jatinangor teh.*** 



 

Editor: Ajun Mahrudin

Tags

Terkini

Terpopuler