GALURA-Jalan kabupaten nu nepungkeun Desa Margabakti, Kecamatan Kadugede jeung Desa Bunigeulis, Kecamatan Hantara, di lelewek Desa Margabakti urug, Kemis, (26/1/2023), kira wanci tabuh 21.05 WIB.
Eta geus ngabalukarkeun sababaraha gorong-gorong kapendet batu jeung taneuh urug. Antukna cai ti walungan lmudal ka jalan.
Samemehna hujan badag ti mimiti tabuh 14.00 WIB nepika tabuh 20.00 WIB. Eta salah sahijina nu ngalantarankeun jalan Sindang-Jawa Bunigeulis urug.
Baca Juga: Kerep, Urug di Kuningan, Warga Kudu Leuwih Iatna
Kepala Bidang Bina Marga Dinas Pekerjaan Umum Tata Ruang (PUTR) Kabupaten Kuningan, Tedy, nyebutkeun, kiwari jalan Sindangjawa-Bunigeulis masih keneh bisa diliwatan mobil boh sapedah motor.
Dumasar data ti Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Kuningan, jalan nu urug ayeuna teh panjangna 6 meter.
Baca Juga: Talang Irigasi Titinggal Walanda di Sumedang, Dipake Keneh Meuntas ku Warga
"BPBD Kuningan tos koordinasi sareng pihak-pihak nu raket patalina kanggo ngungkulan urug di Jalan Sindangjawa-Bunigeulis" ceuk Indra Bayu.***
,