Mawakeun dina Mapag Ramadan, Kiwari Kari Waasna

- 22 Maret 2023, 05:20 WIB
Tradisi mawakeun atawa silianteuran asakan ka anggota kulawarga, nu disusun tur diwadahan dina rantang, minangka tradisi nu dilakonan warga geusan mapag bulan Ramadan.*
Tradisi mawakeun atawa silianteuran asakan ka anggota kulawarga, nu disusun tur diwadahan dina rantang, minangka tradisi nu dilakonan warga geusan mapag bulan Ramadan.* /Poto: desk-jabar.PR/

Mun kolotna geus teu aya, adina nu ngadatangan lanceuk pangkolotna, bisa ogé ka nu jadi uwana, atawa ka nu dipikolot ku kulawarga.

Anapon asakan bahankeuneun téa disusun tur diwadahan dina rantang.

Asakanana gé khas, diwengku sangu, semur daging atawa gepuk, pindang endog, tahu jeung goréng témpé, sambel goréng kentang, sarta bangsaning tumas-tumis atawa ase.

"Mangsa keur budak, kira pertengahan taun 1970-an tepi ka 1980-an, kuring sok mindeng parebut pahayang-hayang nganteurkeun éta asakan. Sabab, mun geus nganteurkeun téh sok dikeupeulan ku nu dianteuranana," ceuk Ahmad Jaelani.

Manéhna mertélakeun, tradisi mawakeun gé minangka wujud tanda bakti anak ka nu jadi kolot.

Baca Juga: Munggah Mapag Bulan Suci Ramadhan di Ciamis Kaler, Ngabedahkeun Balong

Neda du'a restu kolot jeung ménta hampura, minangka bekel kahidmatan geusan ngalakonan ibadah puasa Ramadan.

Nyoréang mangsa ti heula, di lemburna harita, manéhna ngajingjing rantang tepi ka mangkilo méter, mapay jalan désa atawa mapay galengan sawah. Éstu pangalaman nu teu kopopoheukeun.

Sakapeung, ku loba nu dijugjugna, bisa tepi ka dua poé noron manéhna nganteuran éta asakan ka kulawargana téh.

Ari kiwari, naha masih aya kénéh nu sok ngalaksanakeun tradisi mawakeun?

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x