Ngudupruk. Gancang pada ngarěrěyang ka buruan imah pangdeukeutna. Digolěrkeun dina golodog. Diceuceuhan. Diinuman.
“Haram jadah, arateul awak aing !” Kang Ujum gegeběs. Bebenjit nu baroga dosa ngeprakan Kang Ujum ku těrěptěp, tingbalecir bari tingirihil.
“Aya aman ku amanna, awak aing gimpa kieu," Kang Ujum pakupis gěgětrět.
“Naon, Jum ?” baturna nanya.
“Ěta uing keur ngigel tadi aya nu ngeprakan ku těrěptěp. Tuh mani gimpa kieu,” Kang Ujum němbongkeun punduk jeung leungeunna.
“Keun wě pakaulan aman !” baturna ngupahan.
“Pakaulan pakaulan ucing belang, ” Kang Ujum muncereng. “Kěna-kěna aman, aing kudu gimpa ku těrěptěp nya!”
Abringan dogdog jeung kendang geus datang deui ka lebah dinya. Tapi Kang Ujum geus teu hayangeun ngigel. Capě. Jeung baluas ku měrang těrěptěp, meureun. Ongkoh ngarasa teu ngeunah jadi “tumbal” aman, sosoranganan.*** H.Usep Romli