Tamat SMP, Ancrub Usaha Rongsokan, Omsetna H. Ackmal Rijal Ayeuna Ngaratus Juta Sapoéna

- 28 Februari 2023, 08:03 WIB
H. Ackmal Rijal, di tempatna usaha rongsokan di Jalan Cihanjuang, Karangsari, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kab. Bandung Barat. Naratas usaha taun 2004, ayeuna omsét sapoéna ngaratus juta rupia.*
H. Ackmal Rijal, di tempatna usaha rongsokan di Jalan Cihanjuang, Karangsari, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kab. Bandung Barat. Naratas usaha taun 2004, ayeuna omsét sapoéna ngaratus juta rupia.* /Rameli Agam/

Dibarung niat babagi lolongkrang usaha bari ngagolangkeun modal, manéhna gé ngabina puluhan mitra rongsokan di sakuliah tempat, saperti di Cimahi, Padalarang,Cipatat, Lembang, jeung di daérah séjénna.

Barang-barang rongsokan kayaning beusi, tambaga, kuningan, rupaning palastik, katut keretas jeung kardus téh, dikirim ka pabrik-pabrik atawa nu arusaha pangolahan tina barang rongsokan.

“Masarkeun barang rongsokan nu ditampa ku pabrik-pabrik téh lian di budeureun Bandung Raya, Subang, ogé tepi ka Serang, Banten,” ceuk H Ackmal, anak katilu ti opat sadulur téh.

Baca Juga: Putri Anjungsari (41) Lalakon Suba Leungit Dibawa Maung nu Disambatna

Harga éta barang-barang rongsokan téh variatif, ti mimiti nu ngarébu sakilona tepi ka nu ngaratus rébu sakilona, nu kawilang pangmahalna mah tambaga atawa kuningan nu mun keur hadé hargana bisa tepi ka saratus rébu rupia sakilona.

Usaha rongsokan H. Ackmal kiwari diwengku ku 30 karyawan, nu bagéan téknisi, bagéan armada, bagéan administrasi, katut nu séjénna. Parakaryawan aya nu urang Majalengka, Majalaya, Garut, Cilacap, jeung budeureun Bandung.

Tina mimiti boga saroda jeung hiji timbangan 500 kg, ayeuna geus aya 3 treuk, 5 mobil kolbak, jeung deuih boga nu ngaranna timbangan mobil.

Kurang leuwih geus 19 taun manéhna ngaleukeunan usaha kana rongsokan. “Alhamdulillah, ayeuna omsét sapoéna rata-rata 300 juta rupia atawa kira samilyar sabulanna. Tina éta omsét téh, 10 persén beubeunanganana dipaké keur operasional, gajih karyawan, sarta ngarésikoan dapur,” pokna.

Pikeun H. Ackmal Rijal, kagiatan usaha lian ti ibadah geusan nganapkahan kulawarga, ogé sing bisa karasa mangpaatna keur balarea tur maslahat keur lingkungan.

“Konci dina usaha rongsokan mah nyaéta katalitian. Taliti lagu milihan atawa nyortir barang-barang rongsokan nu ditampa ku urang, ulah ieuh pacampur jeung barang-barang séjénna nu teu payu dijual deui,” pokna, mungkas obrolan.***

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x