Burayot atawa Ngaburayot, Kuliner Amis Has Garut nu Wangunna Kawas 'Taeun', Kieu Cara Nyieunna

- 2 Februari 2023, 14:30 WIB
Kuliner has Garut, Burayot/Galura/Dok Aam PS
Kuliner has Garut, Burayot/Galura/Dok Aam PS /

GALURA - Kuliner burayot teh mimiti mucunghul di Leles, Kadungora jeung Wanaraja, Garut, Jawa Barat.

Eta sababna burayot bisa disebutkeun minangka kuliner has eta wewengkon, samemeh nyebar di sakuliah Garut jeung Jawa Barat cara ayeuna.

Kecap burayot atawa ngaburayot, cek urang luar Sunda mah moal salah kaasup kecap asing.

Baca Juga: Burayot, Kuliner Has Garut Ayeuna 'Ngapung' ka Mancanagara, Lapakna Sumebar di Jawa Barat

Baca Juga: Dua Wisata Kuliner di Bogor, Nasi Sunda jeung Bebek Madura, Mewah tapi Murah, Merenah keur Kulawarga

Baca Juga: Wisata Kuliner di Bogor, Tempat Ngopi jeung Cafe Vibes Bali, Murah, Matak Betah, Hoream Mulang

Tapi ari keur urang Sunda mah, burayot atawa ngaburayot moal bireuk da kecapna nyunda pisan. Arti kecap nu ditujul teh kurang leuwih ngagantung.

Ngan eta, cek nu resep heureuy mah burayot teh sok disaruakeun jeung nu ngagantung bogana lalaki.

"Tuda wangunna sarua jeung taeun," kitu cek nu resep heureuy. Tapi, bisa jadi enya mun disidik-sidik mah, hehe.

Baca Juga: Wisata Kuliner Bogor, Jajaneun Angkringan Murah jeung Rupaning Takoyaki, Istimewa, Vibes Jogja Pisan!

Kuliner burayot, rasana amis. Ari dijieunna tina tipung beas, gula beureum, minyak kalapa jeung kacang tanah, anu nyampak di lembur.

Cara nyieunna, mun ningali mah kawilang gampil.

1. Bahan beas (nu alus mah beas beureum) diolah jadi tipung. Baheula mah biasana ditutu si beas teh, tapi ayeuna mah prahna dibawa ka pasar ka tukang ngagiling beas.

Baca Juga: Tilu Wisata Kuliner Nu Merenah Dijugjug Mun ka Bogor, No 2 'Hidden Gems Sate & Sop Kambing'

2. Gula beureum (nu alus gula kawung asli) dicairkeun, terus simpen.

3. Kacang beureum diasakan (nu alus mah ukur disangray alias digoreng tapi teu make minyak), terus dilelemu nepi lembut kawas tipung.

4. Tipung beas jeung kacang beureum nu geus kawas tipung diasupkeun kana cai gula beureum tea, terus diadonan, diaduk nepi ka rata. Adonan tea dicitak, terus digoreng dina katel bari seuneu sedeng, teu tarik teuing seuneuna, tapi teu leutik teuing deuih.

Baca Juga: Angklung, Seni jeung Waditra Asli Tatar Sunda, Ngandung Filosopi nu Luhung

5. Sanggeus asak, burayot diangkat tina katel, ngan ngangkatna kudu make panusuk tina awi.

Kitu tah cara nyieun burayot teh.

Pangna ngaburayot atawa ngagantung, sabab pasipatan kadaharanana lembut atawa leuleus. Jadi nalika burayot diangkat tina katel, saterusna ngaburayot kawas "taeun" tea. ***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x