GALURA -Kecap “pabaru” dina Kamus Sunda Danadibrata (1986), diterangkeun singget pisan: “Taun baru Cina jeung Kristen”.
Sakur urang Sunda geus pada mafhum naon nu disebut pabaru: mangsa bagantina taun heubeul ka taun anyar, boh taun Maséhi, boh taun Cina.
Hanjakal teu kapaluruh, naha taun baru Islam (Hijriyah) tara disebut pabaru. Pédah éta meureun tara direuah-reuah dirayakeun, teu kawas pabaru Masehi jeung Cina, nu ramé ku sora merecon jeung kembang api.
Ciri poko pabaru, boh pabaru Masehi boh pabaru Cina: mareng jeung usum ngijih. Geura pabaru Masehi lumangsung dina bulan Désémber, ari pabaru Cina bulan Februari.
Huja di bulan Desember jeung Januari, pabaru Masehi beda jeung hujan dina pabaru Cina.
Hujan di Desember jeung Januari mah badag, ayer-ayeran, makah sok dibareng ku hujan angina gelap dor-dar, kaaayan poek, panonpoe kahalangan mega hideung.
Ari dina pabaru Cina mah hujan teh ngaririncik, ngiripis, bari jeung caang, langit lenglang, boh samemeh pabaru boh sanggeus pabaru. Hujan kituna teh tampolanana di subuh tepi ka magrib.
Pabaru Cina taun ayeuna hujanna henteu ngaririncik. Hujanna badag, kawas dina bulan Desember. Kalan-kalan ti isuk-isuk tepi ka lohor panas, ti lohor tepi peuting mah hujan gede.***