Pausahaan Jasa Angkutan 4848 Ditaratas H Irawan Sarpingi, Modal Awal Mobil Hiji

24 Februari 2023, 15:30 WIB
Pausahaan jasa angkutan 4848 nu ditaratas ku H Irawan Sarpingi, waktu awalan ngadeg modalna ukur mobil hiji.*\/FB /

GALURA - Pausahaan jasa angkutan 4848 ngadeg tanggal 4 Agustus 1960, ku H. Irawan Sarpingi, teureuh Tasikmalaya nu gumelar ping 13 November 1926.

Eta pausahaan jasa angkutan 4848 teh ngokolakeun widang usaha angkutan darat, angkutan jalan raya.

Udagan pausahaan jasa angkutan 4848 teh kana panglayan jasa ka masarakat umum.

Baca Juga: Kodim 0609 Cimahi Panen Raya Jagong, Nguatkeun Katahanan Pangan

Nyadiakeun jasa angkutan saperti angkutan penumpang, dalam jeung luar kota, sarta ngirim barang tur paket.

Ngaran pausahaan nu diwengku angka 4848 teh boga harti nu mandiri. Nyoko kana awal ngadegna, nyaeta tanggal 4 bulan 8 (Agustus).

Waktu awalan naratas tea, kalawan modal hiji kendaraan sarta tekad nu kuat, H. Irawan Sarpingi ngamimitian usahana muka kantor di Jalan Trunojoyo Nomer 20 Kota Bandung.

Baca Juga: Micinta Lemah Cai Bagean Tina Iman, Ustadz H Syihabudin Mahmud: Dimimitian ku Micinta Lembur

Harita, 4848 ukur aya supir saurang, Bapa Hamidin, jeung saurang karyawan, Aen Karnaen.

Minangka pausahaan anyar, salasahiji jasa panglayan 4848 nu meunang pangbagea masarakat teh antar-jemput penumpang, katut kiriman paket atawa barang nu langsung dikirim ka alamat nu dituju.

Satuluyna, jasa angkutan 4848 resmi jadi badan usaha dumasar Akta Notaris Koswara, SH Nomer 31 Tanggal 8 April 1971.

Baca Juga: Kabupaten Sukapura, Kabupaten Bandung jeung Kabupaten Parakanmuncang Hadiah ti Sultan Agung

Ngaran pausahaan jadi PT 4848 IRAWAN SARPINGI. Tanggal 20 Januari 1981, nomer akta robah jadi Nomer 50 di notaris eta keneh.

Tanggal 23 April 1981, 4848 ge meuang ijin ti Dinas Pariwisata Pos dan Telekomunikasi pikeun ngokolakeun usaha jasa titipan barang.

Ku ayana pamenta masarakat, 4848 laju muka cabang jeung agen di sababaraha kota di Pulo Jawa, Bali, katut Sumatera.

Baca Juga: Simbol di Tajug Gede Cilodong Kabupaten Purwakarta

Eta teh pikeun nyumponan pangabutuh masarakat nu mingkin mikabutuh kana jasa angkutan.

Minangka kantor pusat, 4848 nempatan kantor di Jalan Suniaraja Timur Nomer 39 Kota Bandung.

Taun 1993, ketak 4848 dileler “Adhi Karya Pariwisata dan Perintis Pembangunan Pariwisata Jawa Barat” ti Departemen Pariwisata, Pos dan Telekomunikasi nu dipasrahkeun ku Gubernur Jawa Barat.

Baca Juga: Tajug Gede Cilodong Kabupaten Purwakarta, Masigit nu Ngait kana Budaya Sunda

Di satengahing persaengan bisnis jasa angkutan, usaha 4848 mingkin maju tur mekar.

Teu saeutik masarakat Jawa Barat tur diluareun Jawa Barat nu ngamangpaatkeun jasa angkutan 4848, boh antar-jemput penumpang boh jasa kiriman paket-barang. ***

Editor: Aam Permana S

Sumber: Beberapa Sumber

Tags

Terkini

Terpopuler