Pranatamangsa Sunda, Usum Hujan Panen Suung Cirina Siraru Rabeng

31 Januari 2023, 10:00 WIB
Kebon di tatar Sunda. Di urang mah usum hujan teh sok dipatalikeun jeung usum suung (supa).Lamun datang hujan, terus rabeng siraru, totondén bakal rěa suung.* /

GALURA -Dumasar “pranatamangsa” Sunda, usum ngijih sok dimimitian dina bulan nu maké ngaran “berberan”. Utamana bulan Séptémber. Kawas ngamimitian halodo, dina bulan Maret nu cenah ngandung harti “ret”raat atawa saat.

Sok sanajan ukur “pranatamangsa” rékaan, dipapantes, cohagna“kirata” (dikira-kira sangkan nyata), teu burung wé éta “pranatamangsa” téh jadi cecekelan balaréa urang Sunda.

Pangpangna di pilemburan pranatamangsa teh dipake keneh. Lamun bulan Maret, masih kénéh hujan, sok nimbulkeun pananya. Kitu deui lamun Sěptěmber halodo kénéh, sarua matak hěran.

Baca Juga: Bedana Hujan dina Pabaru Masehi jeung dina Pabaru Cina, ieu mah Baheula

Ari bulan Désémber mah, sok meneran waé usum ngijih. Hujan ngecrek. Dur cur téh enyaan. Bareng jeung dur sora bedug lohor, cur hujan. Sakapeung ngayer sapoé sapeuting dibarung angin jeung dordar gelap.

Ngijih enyaan. Atuh di nagri di Éropa, sok hujan es. Salju makplak bodas minuhan latar bumi.

Di urang mah usum hujan teh sok dipatalikeun jeung usum suung (supa).Lamun datang hujan, terus rabeng siraru, totondén bakal rěa suung. Ngadadak jaradi.

Di kebon, di sawah. Dalah di pipir jeung buruan imah. Rupa-rupa suung, kayaning suung bulan, suung kotok, suung kidang, suung paré, jeung suung rampak, hémpak di mamana.

Baca Juga: Putri Anjungsari (13)

Di tempat-tempat nu rada nyamuni. Néangan suung teh pagawéan pikaresepeun kolot budak urang lembur. Pasubuh-subuh arindit ka tempat anu sakira sok réa suungna.

Dibélaan kukurusukan rancucut ku ibun. Suung nu jaradi kebon ku sorangan di kebon, rasana jeung suung nu ngahaja dipelak beda. Leuwih ngeunaah suung jaradi ku sorangan.

Usum suung nu dimimitian dina pabaru Maséhi, sok nerus nepi ka usum pabaru Cina, bulan Pebruari. Hujan teu pati badag, ngan angin ngagelebug.

Angin pabaru Cina sok dianggap nyebarkeun jeung nyuburkeun bibit pisuungeun. Luyu jeung tradisi pésta Capgomé dina ngareuah-reuah pabaru Cina nu sok ngidangkeun rupa-rupa pasakan tina suung.

Baca Juga: Palakiah Ngadeteksi Santet, Sihir atawa Teluh Cek Ahli Spiritual Jawa Mbah Yadi : Gayem Daun Seureuh !

Hanjakal, ku barobahna kaayaan alam nu beuki dieu beuki ruksak, pabaru téh geus teu bisa dipaké palanggeran nu pas deui.

Usum hujan nu mindeng tara ngamimitian bulan Séptémber atawa bulan halodo tara ngamimitian bulan Maret. Mindeng gajlig alatan parobahan alam lingkungan.

Atuh hujan ngayer, teu jadi andelan pikeun réa suung. Tanah di sawah jeung kebon, di pipir atawa di buruan imah, réréana geus angar.

Ngahgar balukar disuwuk ke gemuk kimia nu méakkeun kasuburan tanah, pikeun hirup-hurip bangsaning sato jeung tutuwuhan alamiah. Kayaning cacing, rinyuh, nu matuh dina taneuh riduh.

Siraru sok aya kénéh rabeng marengan hujan, tapi teu jadi totondén kana réana suung kawas mangsa tanah léndo subur, disuwuk gemuk organik, bangsaning kompos, héhéjoan, kokotor ingon-ingon, jeung sajabana.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler