Misteri Gunung Salak, Mistik jeung Pependeman Harta Karun

27 Januari 2023, 11:30 WIB
Heulang Jawa di Taman Nasional Gunung Halimun-Salak (TNGHS), Gunung Salak leubeut ku misteri, mistik jeung harta karun. (Foto: TNGHS).* /

GALURA -Lain ukur leubeut ku mistikna Gunung Salak teh, tapi ogé dianggap tempat urang Walanda neundeun harta karun. Ngan tacan kapanggih laratanana.

Gunung Salak nu euyeub ku mistik jeung dipercaya nyideum harta karun sacara administrasi sabagéan asup ka wilayah Kabupaten Sukabumi sabagéan deui asup ka wilayah Kabupaten Bogor.

Taun 2003, dina lebah statusna, Gunung Salak nu dipercaya ngandung mistik jeung harta karun teh dihijikeun jeung Gunung Halimun nu geus lila jadi Taman Nasional.

Tina kituna Gunung Salak téh aya dina cangkingan Taman Nasional Gunung Halimun-Salak (TNGHS).

Baca Juga: Mabokuy, Momones Anyar Ti Rajadesa, Ciamis, Mucunghul tina Jiwa Seni Warga nu Apal Kana Potensi Desa

Ti taun 1600-an Gunung Salak sababaraha kali bitu, di antarana taun 1668, 1699, 1780, 1902, 1903, 1935 jeung taun 1938.

Balukar remen bitu, Gunung Salak boga dua ponclot, Puncak I jeung Puncak II. Puncak I luhurna 2.211 méter tina beungeut cai laut (dpl, dari permukaan laut), ari  Puncak II luhurna 2.180 méter.

Di sagigireun poclotna nu jumlahna  dua, di Gunung Salak aya tilu kawah: Kawah Hirup, Kawah Cikulung jeung, nu pangbadagna, Kawah Ratu. Gunung Salak ogé ngalahirkeun gunung anyar, ngaranna Gunung Sumbul.

Anu rék naék ka ponclot Gunung Salak, ilaharna maké jalur Cidahu, Kabupaten Sukabumi. Di dinya aya pos pendakian.

Baca Juga: Ngokolakeun Cau Nangka, Bisa Dijieun-jieun Rupa-rupa Kadaharan

Jenatna Anis Djati Sunda, budayawan Sunda nu dumuk di Kota Sukabumi, nyebutkeun Gunung Salak baheulana  kungsi dijadikeun tempat pamujaan Sang Hyang Kersa ku warga anu ngagem agama Sunda kuna.

“Tempat pamujaanana dibangun sajaman jeung dibangunna Piramid di Mesir,” pokna. Agama Sunda kuna, ceuk Anis, cikal bakal agama Sunda Wiwitan.

Anu ngagem agama Hindu, nyebutkeun waktu Karajaan Pajajaran dicekel ku Prabu  Jaya Dewata, di Tamansari Kacamatan Ciomas, Kabupatén Bogor ayeuna kungsi ngadeg pura Hindu.

Dina urutna ayeuna ngajungkiring pura anu diadegkeun ku urang Bali. Ceuk anu nyieunna, ngadegkeun pura di dinya téh  dumasar kana  wangsit ti Prabu Siliwangi.

Baca Juga: Awi, ti Mimiti Parabot Dapur, Wawadahan Tepi ka Bahan Bangunan

Purana dingaranan Pura Siliwangi, nuluykeun ngaran pura baheula nu kungsi ngadeg.

 “Dina éta wangsit, Kanjeng Prabu Siliwangi negeskeun fungsi pura lain keur ukur nu ngagem agama Hindu wungkul, tapi pikeun saha wae anu boga maksud rek jarah miéling Prabu Siliwangi, “ ceuk nu ngokolakeun Pura Siliwangi téh.

Inyana ngaku sakapeung mun keur menekung mujasmédi manehna sok didatangan ku lelembutan Prabu Siliwangi, ngajirim  sinatria kasép maké pakaéan raja atawa ngajirim kolot umuran satengah abad make baju resi kelir bodas-bodas.

“Anu jaroh ka dieu, sakapeung ngawénéhankeun ningal wangunan candi di Gunung Salak anu agreng, “ pokna deui.

Baca Juga: Seni Sintren di Desa Dukuhbadag, Baheulana Dibawa ku Kukurung

Anis Djati Sunda nyebutkeun Prabu Siliwangi teu kungsi asup agama Hindu.

“Prabu Siliwangi angger ngagem agama Sunda. Teu kungsi pindah ageman. Najan kitu, simkuring kataji pisan ku urang Bali anu ngawangun pura keur Kangjeng Prabu Siliwangi. Padahal urang Sundana sorangan geus tara maliré ka Prabu Siliwangi, “ pokna.

Ku nu resep ngulik bag-bagan supranatural, wewengkon Gunung Salak dianggap kentel pisan mistikna. Teu anéh mun aya nu disebut Jalur Mistik.

Gunung Salak dipercaya digeugeuh ku sababaraha tokoh gaib,  kakawasaanana parat nepi ka Gunung Halimun. Nu rek ka ponclotna mindeng kabejakeun nyasab, najan geus lila leumpang henteu tepi-tepi.

Baca Juga: Jawa Barat teh Geuninganan Provinsi Waduk

Jaman baheula, gunung boga harti jeung ajén  penting. Dianggap tempat ngumpulna arwah-arwah para raja anu rék naék ka kayangan.

Makam para raja, tokoh  jeung bupati jaman baheula di ponclot gunung nandakeun pangkatna anu luhur. Ieu kapercayaan masih napel nepi ka jaman ahir mangsa kadaleman.

Gunung Salak oge dipercaya tempat ngahiangna Prabu Siliwangi. Malah, sabagéan urang Bogor jeung Sukabumi nyebutkeun, seuweu Dalem Cikundul, Bupati Cianjur munggaran, jadi ratu di alam dedemit di Gunung Salak.

Dalem Cikundul cenah kungsi kawin ka putri jin, seuweu kaduana Éndang Sukaésih disérénan kakawasaan alam gaib di Gunung Salak.

Baca Juga: Jaman Ciamis-Cirebon keur Werit, Ngakalan Begal Disingsieunan ku Bangkong Pabeasan

Di sagigireun éta  aya kapercayaan séjén anu can puguh bener henteuna, ngan geus mangaruhan warga.

Loba nu nyaritakeun di Gunung Salak loba harta karun titinggal Walanda, duit emas, nu tacan kapanggih nepi ka ayeuna. Anu mendemna, cenah, soldadu Walanda, méméh serah bongkokan ka Jepang.

Mun hiji mangsa Jepang geus ingkah ti Indonésia, urang Walanda rék baralik deui, rék nyokot pependemanana. Ngan duka kumaha, para soldadu nu teu disebutkeun ngaran-ngaranna téh teu kacatur néang pependemanana.

Sigana gimir pedah Indonesia kaburu mardika. Ti taun 1950-an, éta harta karun pada naréangan.

Ku sabab taya pituduh anu jéntré, nu naréangan harta karun téh bari henteu jeung itungan. Sakur aya témbok titinggal Walanda di wewengkon Gunung Salak ditugaran.

Baca Juga: Totonden ti Gunung Dukuh, Cinyusu Saat Nagara Bakal Riweuh

Balukarna ayeuna bénténg jeung wangunan séjénna titinggal Walanda ancur paburantak, ari harta karunna teu kapanggih.

Ceuk dongéng, harta karun téh di antarana dipendem di lebah sisi-sisi Kawah Ratu nu kacatur mindeng ngaluarkeun gas nu ngandung racun. 

Ku sabab daérahna ngabahayakeun, loba anu keur néangan harta karun tiwas tikelebuh. Roh-roh anu maraot, cenah, jadi dedemit anu salawasna ngaganggu anu rék néangan harta karun,

Ceuk nu ngulik élmu kabatinan, keris jeung batu ali nu aya di alam gaib ogé teu bisa langsung dicokot, tapi kudu tarung heula jeung khodam anu ngageugeuhna.

Baca Juga: Kaayaan Nagara ti Leuweung Dukuh Desa Jagabaya, Aman?

Komo deui ieu harta karun anu geus puluhan taun dipendem dijero taneuh bakal loba mahkluk gaib anu ngajagana, teu bisa sagawayah dicokot.

Tina jihad mistik, sajarah, folklor, kaduniawian, lingkungan, Gunung Salak najan ayeuna geus dikuriling ku pamukiman angger matak panasaran jeung nyidem misteri nu moal  bosen dipaluruh jeung dipadungengkeun.

Anu naraék ka poclotna lain ngan ukur para pecinta alam, tapi nu boga maksud sarta aya patalina jeung supranatural.

Gunung Salak teu beda jeung Gunung Lawu di Jawa Tengah, leubeut ku mistik jeung dianggap mibanda kaistimewaan. Nu matak dina malem Jumaah Kaliwon loba nu naek ka Gunung Lawu.

Malah dina malem tanggal 1 Suro, taun anyar dina kalender Jawa nu sarua jeung Kalender Hijriyah, Gunung Lawu pinuh ku nu warga, lain ukur para pecinta alam, malah rea nu daragang di ponclot Gunung Lawu teh.***

 

 

 

 

 

 

 

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler