Art In Motion di ISBI Bandung Kompetisi Seni Indonesia Walanda

- 5 Maret 2024, 13:09 WIB
Tim Art in Motion (AiM) Walanda, sawatara waktu kaliwat geus ngayakeun lokakarya intensif di ISBI Bandung, tanggal 19 - 20 Februari 2024.
Tim Art in Motion (AiM) Walanda, sawatara waktu kaliwat geus ngayakeun lokakarya intensif di ISBI Bandung, tanggal 19 - 20 Februari 2024. /Asep /galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Pikeun ngaraketkeun hubungan dua Nagara,  Tim Art in Motion (AiM) Walanda, sawatara waktu kaliwat geus ngayakeun lokakarya intensif di ISBI Bandung, tanggal 19 - 20 Februari 2024. Kagiatan ieu mangrupa awal nu penting pikeun hubungan kreatip jeung budaya anu bakal ngaraketkeun hubungan antara Indonesia jeung Walanda dina taun 2024 jeung 2025.

Tilu urang pengajar (Rob Hammink, Ronald van de Cappelle jeung Quirine van Heeren) ngahajakeun datang ti Walanda pikeun  nyileman mangsa bihari, kiwari,  jeung nu utama nyawang  mangsa hareup kadua nagara, babarengan jeung para mahasiswa akademi seni Indonesia, salah sahijina jeung  mahasiswa ISBI Bandung.

Ku sagala pangaweruhna, para mahasiswa bakal mimiti digawe jeung nyiptakeun hiji karya seni anu baris diniley ku juri dina tanggal 8 Maret 2024. Pinunjulna bakal meunang  hadiah mangrupa uang saku bekel miang ka Walanda  bulan September 2024 nepi ka November 2024. Para mahasiswa di Nagara Kincir Angin bakal jadi  duta budaya jeung bakal reureujeungan nyieun  karya seni  jeung mahasiswa Walanda. Karya   seni anu bakal jadi simbul nu kuat pikeun mangsa hareup anu raharja.

Baca Juga: Kinanti, Olahraga jeung Seni Ibing Penca Silat

Rob Hammink, panaratas AiM teh penulis (di antarana novel Jodoh), reporter senior internasional  De Telegraaf jeung kungsi maen dina film Bumi Manusia karya Pramoedya Ananta Toer.  Hammink kaget nilik sikep  Indonesia jeung Walanda dina nyurahan mangsa heubeul nu sarua.

“Indonesia teh nagara ngora seger keneh anu keur bagerak maju kacida cepetna . Nagara anu keur sumedeng mekar. Standar hirup  ge undak.  Di Walanda, nilik deui ka mangsa bihari boga tujuan nu mandiri.  Maranehna anu nyawang ka tukang ku hideung-bodas, moal ningali warna-warna dina mangsa hareupna. Seni teh cara  ampuh keur nyieun  pernyataan ku cara nu lemes,” kitu ceuk Hammink.

Kick-off AiM bakal dimimitian awal tahun ieu di Bandung, sarta AiM bakal diluncurkan di sakuliah Indonesia, mimiti ti  Aceh nepi Papua anu bakal lumangsung nepi ka taun 2025, nalika Indonesia mileing 80 taun  kamerdekaanana.

Proyek seni ieu dirojong ku Atase Pendidikan dan Kebudayaan Kedutaan Besar Republik    Indonesia di Den Haag, ISBI Bandung, BKS PTSI, jeung Erasmus House di Jakarta.

Baca Juga: Seni Beluk nu Ngaburahol

Wakil Rektor   Bidang  Perencanaan, Sistem Informasi, dan Kerja Sama ISBI Bandung,  Indra Ridwan, S.Sos., M.Sn.,M.A., Ph.D, negeskeun deui ka wartawan,   tujuan hubungan Indonesia- Walanda ieu geus kacida lilana. Ku kituna perlu dipikiran hubungan pikahareupeunana. Diantarana ku jalan  nyieun hiji  program anu bisa ngaraketkeun hubungan dua nagara, saling bantu, jeung  nguntungkeun, tapi ngaliwatan seni.

Ku kitina ISBI Bandung minangka salah sahiji  paguron luhur  seni di Indonesia anu pangheulana diajak gawe rukun, ngajurung para mahasiswana  ti rupa-rupa prodi/jurusan anu aya di ISBI Bandung sangkan milu kana  kagiatan kompetisi ieu.  Malah bisa wae ka hareupna kompetisi  gawe rukun jeung Art in Motion (AiM) Walanda ieu bakal dimekarkeun deui, gawe rukun jeung sakabeh universitas di Indonesia anu aya fakultas senina.

Saheulaanan mah  aya 9 perguruan tinggi seni di Indonesia anu baris diilukeun  tapi anu berpartisipasi ukur 3 , diantarana ISBI Bandung, ISI Surakarta jeung ISBI Aceh.

“Kanggo sementawis mah taun ieu kagiatan bakal digelar  di ISBI Bandung,   tah kanggo taun payun( 2025) tiasa wae di perguruan tinggi sanesana,  tiasa di  ISI Denpasar,  ISI Surakarta, ISBI Aceh samalah tiasa wae di ISBI Papua pami kenging sponsor nu hade mah.  Saluyu sareng anu dusaurkeun ku panaratasna Rob Hammink, upami hasilna nyugemakeun,  kapayunna kagiatan ieu baris  langkung dimekarkeun deui. Tiasa ku mangrupi konser  seni reujeung  atanapi ngayakeun konferensi reujeung,” kitu ceuk Indra.***Asep GP

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x