Wayang Geugeus ti Lembur Siluman Rawa Onom Kota Banjar

- 19 Desember 2023, 18:00 WIB
Wayang Geugeus ti Kampung Siluman Kota Banjar, Jawa Barat.
Wayang Geugeus ti Kampung Siluman Kota Banjar, Jawa Barat. /Nanang S/galura.co.id

 

 

GALURA.CO.ID -Wayang Geugeus. Kitu ngaran seni helaran nu bisa dipanggungkeun hasil karancagean seniman sarwa bisa, Aan, teureuh Panjalu, Kabupaten Ciamis, nu ayeuna dumuk di Kampung Siluman, Kelurahan Purwaharja, Kecamatan Purwaharja, Kota Banjar, Jawa Barat. Teu jauh ti Rawa Onom jeung Pulo Majeti.

Sumber inspirasina teh tina kaayaan Lembur Siluman nu pasawahanana upluk-aplak keneh sarta masarakatna masih tuhu kana tradisi dina nyawah, upamana mipit, nyangkreub, ngalarung jeung sajabana. Tambah deuih dieuyeuban ku mitos ngeunaan Rawa Onom jeung Pulo Majeti nu ti baheula tepi ka danget ieu kakoncara ku mistikna.

“Di Lembur Siluman, upami sareupna dugi ka wanci magrib tara aya nu ngulampreng ari sanes kapaksa-paksa teuing mah, pedah aya kapentingan nu tiasa ditunda,” ceuk Aan. Warga wanci sareupna mah caricing di imah atawa di masjid bari ngadagoan bedug magrib. Sanggeus liwat magrib karek aya nu kalaluar saurang-urangeun.

Baca Juga: Pameran Republik Sandal Jepit Serupa Sekata, Gurat Lalakon Karya Nyata

Kaayaan Lembur Siluman kitu tambah legenda Pulo Majeti nu dianggap tempat sumarena Ratu Gandrawati, Aan nu gede jasana dina ngapungkeun bebegig Sukamantri, nataharkeun bentuk wayang geugeus. Hasilna, saliwat mah bleg wayang landung jeung butakakaras, ngan asesoris atawa rarangkenna beda.

Dingaranan Wayang Geugeus teh pikeun ngawanohkeun deui tradisi masarakat pasca panen mangsa tacan usum pare nu umurna tilu bulan. Pare gede nu ti barang tandur tepi ka panen umur 6 bulan, dipanenna ku etem, lain ku arit. Gagang pare dipotongan ku etem, terus dibeungkeut sarta beungkeutanana disebut geugeus.

Sanggeus digeugeusan dipoe, umumna digantung-gantungkeun. Patani di Kampung Siluman masih keneh aya nu ngageugeus pare. Geugeusan pare henteu diheler, tapi umumna ditutu. Ari diheler mah parena kudu dipuragkeun heula tina gagangna. Gagang pare nu geus euweuh parean bareto mah sok dijieun sapu, ngaranna teh sapu pare.

Bangun sirah Wayang Geugeus ngagambarkeun hiji indung nu landung kandungan laer aisan. Ngaruju kana gambaran imajinatif Ratu Gandrawati. Topengna aya dua karakter: abstrak jeung realis. Anu abstrak nyababkeun munculna rupa-rupa intrepretasi, ari nu realis mah bentukna jelas, sarta teu ngabalukarkeun intrepretasi.    

 Baca Juga: Tari Awi Ayo Sunaryo, Ngebrehkeun Awi Dalit jeung Urang Sunda

Waruga Wayang Geugeus dijieun tina bilik awi, beleketepe atawa anyaman daun kalapa. Propertina: hanjuang beureum, mayang jambe, jeung pare geugeus. Make tutup dada atawa apok, ngagambarkeun kudu bisa kabula-bale atawa mun dina basa Indonesia mah luwes, hate tumarima kana naon-naon ku kalaman atawa legowo.

Susumping ngagambarkeun urang kudu timpuh, tungkul luyu jeung sipat pare beuki ngeusi beuki tungkul. Susumping oge ngagambarkeun urang teh kudu mere maweh ka sasama. Minangka asesoris nu kawilang penting pare geugeus nu diterapkeun dina cangkeng, dada jeung sajabana nu dipandang merenah diterapan pare geugeus.

Wayang Geugeus dijieun dua karakter: protagonis atawa  tokoh hade jeung antagonis atawa tokoh jahat lalawanna tokoh antagonis. Anu jadi tokoh antagonis: karakter indung tea nu ngan hiji, gambaran imajinatif Ratu Gandrawati, ari nu antagonis mah lobana gumantung kana kaperluan, bisa hiji, dua, tilu jeung saterusna.  

Waditra nu mirig Wayang Geugeus: bedug, kendang, saron tarompet, gongti (goong tiup), ridu-ridu. Upama di panggung lilana pagelaran antara 3 menit tepi ka 30 menit, malah bisa wae tepi ka 3 jam. “Wayang Geugeus mah dipagelarkeun teatrikal, aya jejer carita, leunjeuran  atawa jalan carita, klimak jeung anti klimak atawa ahir carita,” ceuk Aan.

Baca Juga: Penca Silat Gelanggang Putra Si Macan Tutul, Euyeub ku Prestasi

Leunjeuran pagelaranana, munggaran prolog nu dipirig ku musik, ti dinya rajah nu di antarana ngandung synopsis; papalayan atawa sunda-sanduk papalaku. Ti dinya pagelaran nu durasina dumasar kana kaperluan. Wayang Geugeus munggaran dipagelaran bulan Juli 2023 dina ngabumi (hajat bumi) di Kampung Siluman.

Wayang geugeus geus dibawa marag ka daerah sejen di luar Kota Banjar sarta meunang apresisasi nu kawilang hade. Aan gede harepan Wayang Geugeus bisa leuwih ngajomantara kawas bebegig Sukamantri jeung kawas wayang landung. Komo deui Wayang Geugeus mah ngandung ajen-inajen tradisi jeung kaarifan lokal Kampung Siluman.

Lurah Purwaharja, Hendi, ngarojong pisan kana kamotekaran Aan nu nyiptakeun Wayang Geugeus. “Memang kapungkur kantos aya seni helaran ririwa Rawa Onom,” pokna. Bedana, Wayang Geugeus dikali tina tradisi jeung kaarifan lokal Kampung Siluman sarta make konsep teatrikal nu aya jejer, tokoh, jeung leunjeuran carita.***

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x