Pagelaran Yogaswara Sunandar Giriharja 3 Putra, salasahijina Teu Meunang Dilalajoan

- 1 Oktober 2023, 11:19 WIB
Pagelaran dalang Yogaswara Sunandar Sunarya Giriharja3 Putra.*
Pagelaran dalang Yogaswara Sunandar Sunarya Giriharja3 Putra.* /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Seniman dina unggal pagelaranana tinangtu miharep nu lalajona loba. Tapi dalang Yogaswara Sunandar Sunarya, dina pagelaran di TVRI Jawa Barat, Jalan Cibaduyut, Kabupaten Bandung, Kemis, 12 Oktober 2023, masarakat teu dimeunangkeun lalajo.

Tidak untuk Umum. Kitu unina sakumaha nu ditulis dina jadwal manggung Yogaswara Sunandar Sunarya nu dikaluarkeun ku manajemenna. Kawasna pedah pagelaran di Studio I TVRI Jawa Barat, ngandung harti keur kapentingan siaran langsung atawa rekaman nu disiarkeun dina waktu anu beda atawa siaran tunda.

Sanajan lalajona dina teve, boh siaran langsung boh siaran tunda, heg teu mireng surak, kaleprok, saruit nu lalajo, asa kumaha. Karasana formal. Padahal dina pagelaran wayang golek, anu oge jadi daya tarik teh interaksi dalang jeung nu lalajo.

Baca Juga: Jadwal Manggung Dadan Sunandar Sunarya Putra Giri Harja 3 Bulan Oktober 2023

Leupas tina soal eta, jadwal pagelaran Yogaswara Sunandar Sunarya dina bulan Oktober 2023 kawilang padet, najan teu saloba dina bulan Rayagung. Yogaswara, bulan Oktober 2023 manggungna 16 kali. Rea anu noron sababaraha poe.

Dina bulan Oktober 2023 Yogaswara munggaran manggung di Lapang Bola Desa Kawunganten, Kecamatan Cikaum, Kabupaten Subang, 1 Oktober 2023, poe Ahad. Genep poe ti dinya, manggung di Lapang Bola Desa Wandasari, Kecamatan Bojonggambir, Kabupaten Tasikmalaya.

Kemis, 12 Oktober 2023, manggung di Studio I TVRI Jawa Barat, anu  Tidak untuk Umum, tea. Sanggeus di TVRI, Jawa Barat, Giriharja 3 Putra pagelaran di buruan kantor Desa Cimareme, Desa Kutawaringin, Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung, Saptu, 14 Oktober 2023.

Yogaswara manggung deui di Kabupaten Bandung Barat, di Lapang Sariwangi, Desa Sariwangi, Kecamatan Bandung Barat, Ahad, 15 Oktober 2023. Rebo, 18 Oktober 2023, pagelaran di Kabupaten Subang, di Kampung Sukamaneuh Desa Jatireja, Kecamatan Compreng.

Baca Juga: Daway Jati Raksa Abah Muhammad Jajang ti Jatinegara Ciamis, Dawah ku Wayang

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x