Jadwal Manggung Dadan Sunandar Sunarya Putra Giri Harja 3 Bulan Oktober 2023

- 1 Oktober 2023, 07:18 WIB
Pegalaran Dadan Sunandar Sunarya ti Putra Giri Harja 3.
Pegalaran Dadan Sunandar Sunarya ti Putra Giri Harja 3. /Poto: FB/

GALURA.CO.ID -Dadan Sunandar Sunarya ti Putra Giri Harja 3 dina bulan Oktober 2023 panggunganana 13 kali.  Dimimitian tanggal 13 Oktober 2023. Ieu dalang seuweu Asep Sunandar Sunarya sababaraha minggu di Korea Selatan terus umroh.

Dadan Sunandar Sunarya jeung Putra Giri Harja 3 dina bulan Oktober 2023 munggaran manggung Kampung Cibeureum, Desa Wangunharja, Kecamatan Lembang, Kabupaten Bandung Barat (KBB), tangal 13 Oktober 2023.

Saptu, tangal 14 Oktober 2023, manggung di buruan Kantor  Desa Cipeundeuy Kecamatan Jatinunggal, Kabupaten Sumedang. Ti Sumedang biur ka Bekasi, pagelaran di Kampung Bojongkoneng, Desa Telagamurni, Kabupaten Bekasi, Ahad tanggal 15 Oktober 2023.

Baca Juga: Daway Jati Raksa Abah Muhammad Jajang ti Jatinegara Ciamis, Dawah ku Wayang

Senen, 16 Oktober 2023, manggung di Subang, di Kampung Lengkongtimur, Desa Lengkongjaya, Kecamatan Pamanukan, Kabupaten Subang. Manggungna bareng jeung Ade Batak.

Ti dieu panggunganana masih di Kabupaten Subang, di Desa Ciruluk, Kecamatan Kalijati, Rebo, 18 Oktober 2023. Kemis, 19 Oktober 2023, manggung di Desa Sukamukti, Kecamatan Katapang, Kabupaten Bandung.

 Jumaah, 20 Oktober 2023, manggung di Desa Rancamanyar, Kecamatan Baleendah, Kabupaten Bandung. Sanggeus di Kabupaten Bandung, manggung deui di Kabupaten Subang, di Desa Sumbersari, Kecamatan Pagaden, Saptu, 21 Oktober 2023.

Ti Subang manggungna deui di Kabupaten Purwakarta, di Kampung Margasari, Desa Cisaladah, Kecamatan Purwakarta (Ahad, 22 Oktober 2023).

Kemis, 26 Oktober 2023 manggung di Gunung Putri, Bogor. Ti Bogor, pagelaran di Kabupaten Garut, di Kampung Sawahjeruk, Desa Sukamulya, Kecamatan Talegong (Saptu, 28 Oktober 2023).

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah