Fanny Sabila, Nanjung dina Pop Sunda jeung Dangdut

- 19 September 2023, 12:00 WIB
Fanny Sabila nu ngaran lengkepna Sabila Fatharani Fatimah.*
Fanny Sabila nu ngaran lengkepna Sabila Fatharani Fatimah.* /Dok. Pribadi/Glr/

GALURA.CO.ID. - Ilangna sasalad Covid 19, kahirupan musik pop Sunda mimiti nguliat deui. Tawaran manggung ka para penyanyi pop Sunda, jul-jol ti mana-mana. Atuh pasar musik pop Sunda, ayeuna katitén hudang deui. Produser musik pop Sunda,  ka ayeunakeun katangen getihan deui.

"Alhamdulillah, sabada pandemi Covid 19 leler, jadwal manggung sim kuring ngawitan euyeub deui. Tawaran manggung gé teu tiasa kacumponan sadayana,” ceuk Fanny Sabila,  penyanyi pop Sunda nu kiwari ngaranna mingkin nanjung ngajulungjung. 

Tina anléhna jadi penyanyi nu jempolan, ieu putra pituin H. Sopandi Wijaya jeung Hj. Imas Jubaédah téh geus ngagelarkeun sawatara album pop Sunda nu kalandep ku balaréa, di antarana, “Tepung Salangkung”, “Iraha Kawin”, “Seblak Cinta”, “Angin Peuting”, “Darmaga Cinta”, “Ceurik Cimanuk”, “Karang Hawu”, “Gurat Bumi”, “Bengras Panganten”, “Bandung Juara”, jeung album lagu nu séjénna.

Baca Juga: Pertempuran Makin Sengit TikTok Live vs Shopee Live, Siapa Raja Live Shopping di Indonesia?

Fanny, nu ngaran lengkepna Sabila Fatharani Fatimah, gumelar 8 Juni 2000, dina urusan ngahaleuang mah geus némbongkeun bakatna ti bubudak. Kawuwuh deuih, keur mangsa sakola di SDN Baros 4 Cimahi, inyana geus dilélér sawatara kajuaraan dina pasanggiri pupuh jeung kawih, boh di tingkat Kota Cimahi boh di tingkat Provinsi Jabar.

Matakna, kajurung ku préstasina dina ngahaleuang, mangsa jadi murid SMP Negeri 9 Kota Cimahi, Fanny asup dapur rékaman. Éta album munggaranna téh dina wanda pop Sunda, dijudulan “Tepung di Cinulang”. 

Bapana teu ngabogaan kasang tukang kana musik

Anléhna dina ngahaleuang, nurutkeun Fanny, lian ti kadariaan dirina dina ngatik kamampuh ngahaleuang, teu leupas ogé tina bimbingan sawatara tokoh seniman musik jeung penyanyi senior nu salila ieu geus nganteur suksésna Fanny Sabila, kaselir jadi penyanyi pop Sunda nu kiwari ngaranna masieup blantika musik pop Sunda.  Ngaran Fanny gé kiwari mingkin jadi catur balaréa. Nu gedé jasana dina ngasah bakat Fanny, kacatet, Pa Héri, Pa Darja, jeung Pa Acép. Teu tinggaleun, nu ngatik olah vocal, Ambu Ida Widawati jeung Ambu Élis Rosliani.

"Aranjeunna ageung jasana dina nganteur simkuring janten penyanyi nu –alhamdulillah-- tiasa katampi ku masarakat,” ceuk Fanny.

Baca Juga: Erna Rosita Mojang Desa di Kabupaten Sumedang nu Motekar kana Seni

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x