Daway Jati Raksa Abah Muhammad Jajang ti Jatinegara Ciamis, Dawah ku Wayang

- 30 September 2023, 17:16 WIB
Abah Muhammad Jajang teh pupuhu jeung dalang Daway Jati Raksa.
Abah Muhammad Jajang teh pupuhu jeung dalang Daway Jati Raksa. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ngaran grupna Daway Jati Raksa. Daway singgetan tina Da’wah Wayang. Jati ngaruju kana ngaran Jatinegara, ngaran kacamatan jeung desa di Kabupaten Ciamis. Jati oge aya ngaruju kana asal, wiwitan, manusa saperti dina paribasa mulih ka jati mulang kaasal.

Raksa ngaruju kana harti piara, ngajaga, ngurus. “Jati Raksa hartosna urang kudu ngajaga, ngariksa tekad ucap lampah sangkan urang bisa balik ka wiwitan bari rebo ku babawaan amal kahadean islam jeung iman,” ceuk Abah Muhammad Jajang.

Abah Muhammad Jajang teh pupuhu jeung dalang Daway Jati Raksa. Wayang anu dipake media ngada’wahna Semar. Naha make Semar? Semar salasahiji tokoh wayang diciptakeun Sunan Kalijaga.

Baca Juga: Réog Dermayon Indramayu Jawa Barat Pantrang Unggah ka Panggung

Semar bisa ka bula ka bale. Semar oge bisa jadi tokoh nu ngabarik-bari jagat pawayangan jeung kahyiangan. Taya nu mampu meruhkeun Semar. Kituna teh Semar ngalambangkeun kahadean, kasucian. Kahadean, kasucian tepi ka iraha oge moal aya nu mampu ngelehkeun.

Da’wah oge kudu bisa kitu, bisa ditarima ku sakumna kalangan, budak, rumaja, dewasa, kolot, jeung ka sukumna lapisan masarakat. Da’wah oge kudu bisa ditarima ku non Islam.

Abah Muhammad Jajang memeh pagelaran Daway manteng ka Gusti Alooh sangkan da'wahna lumangsung lungsur-langsar.
Abah Muhammad Jajang memeh pagelaran Daway manteng ka Gusti Alooh sangkan da'wahna lumangsung lungsur-langsar. galura.co.id

Di mana diperlukeun da’wah oge mampu ngagalurakeun pikeun nanjeurkeun bebeneran jeung kaadilan. Kudu mampu ngagalurakeun gerakan sosial jeung gerakan pulitik nu diudaganana pikeu ngomean kaayaan nu jauh tina bebenaran jeung kaadilan.

Pangna Abah Muhammad Jajang ngagunakeun media wayang, lantaran wayang dina sajarahna dipake da’wah ku para wali. Ku make wayang, Islam ditarima ku masarakat bari jeung repeh-rapih.

Tapi eta mah jaman para wali? Naha jaman kiwari merenah keneh da’wah make media wayang? “Simkuring ningali wayang angger masih keneh dipikaresep sarta tiasa dianggo sarana kanggo da’wah,” ceuk Abah Muhammad Jajang.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x