Penca Silat Gelanggang Putra Si Macan Tutul, Euyeub ku Prestasi

9 Desember 2023, 21:00 WIB
Murid Penca Silat Gelanggang Putra Si Macan Tutul. /

GALURA.CO.ID -Taun 2019 ku Unesco,  Penca ditetepkeun Warisan Budaya Dunia Tak Benda (Itangible Cultural World Heritage). Kaputusan UNESCO bieu dibageakeun pisan ku Paguron Pencak Silat Gelanggang Putra  Si Macan Tutul Bandung.

Ieu paguron kiwari dikokolakeun   ku Dani Maulana Isya. Paguron Silat Si Macan Tutul diadegkeun  5 Oktober 1961 ku Raden Salih Soedrajat suargi, terah Tasikmalaya. Sabada pupus 30 Oktober 1992 pupuhu dicangking ku garwana, Iin Soedradjat nu terah Panjalu.

Pikeun ngokolakeunana dipasrahkeun ka putra nu katujuh Dani Maulana Isya, kaasup para putrana nu tujuh deui aktif ngokolakeun  Paguron Si Macan Tutul.

Baca Juga: Ketua Pepadi Ciamis: Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Purwa tingkat Kabupaten Ciamis Digelar Mei 2024

Aji Sudirman -Wakil Pingpinan, Suhaeni –Bendahara, Suryani-Bendahara, Suhendar-Mental Spiritual, Sopyan Rahayu-Sekretaris, Sukmawati-Humas, jeung Suci Rela Susanti nyepeng cabang di Margaasih.

Een Suhaeni, Suryani jeung Sukmawati jaradi guru penca silat di sakola, Een Suhaeni SD Merdeka, Suryani di SDN 053 Cisitu ari Sukmawati ngaguruan di SMP Al Falah. Dani oge kungsi ngajar penca di SD Coblong 45 ngan teu kageroh ku pagawean.

Prestasi Si Macan Tutul  lain bantrak-bantrakkeun. Di antarana dna Festival Botani Square Bogor nu diiluan ku 40 paguron silat di Jawa Barat  jadi Juara Umum, ngaboyong 23 emas 9 perak 4 perunggu.

Ampir di sakabeh kelas nu dipatandingkeun Si Macan Tutul unggul  (Pra Usia Dini, Usia Dini, Pra Remaja, Remaja, Dewasa jeung Pembina sarta Sinopsis/drama), kajaba Kelas Pembina, da memang teu ngirimkeun.

Atuh samemehna dina even Penca Silat Internasional MASPI di Bale Kota  Si Macan Tutul ngaraeh  7 gelar (penyaji terbaik, koreo terbaik,  pemeran pria/wanita ternbaik,  musik terbaik, busana terbaik, artistik terbaik).

Baca Juga: Dani Yusup Edi Putra, Dalang Cilik ti Desa Kaso, Sirung Pidalangeun Moyan ti Kabupaten Ciamis

 Murid Si Macan Tutul sumebar di di Dago Resort (Kabupaten Bandung), Margaasih, Kabupaten Bandung Barat (KBB), Kota Bogor, Kabupaten Bogor, Tasikmalaya, jeung Cirebon. 

Di Paguron Puseur  di Jalan Ir.Haji Juanda (Dago) No.250 Bandung,  unggal minggu mayeng  para muridna ti mimiti SD nepi ka rumaja terus diatik-dididik penca seni atawa kembang jeung jurus-jurus silat  andelanana  hasil ngadumaniskeun  Sang Guru Besar ti 7 aliran.

“Sadaya ieu prestasi estu hasil jeri payah ngatik ngadidik nyalira nu dirojong ku kualitas murid, taya hal mejik. Allhamdulilah ti wangkid almarhum pun bapa dugi ka ayeuna tiasa teras mayeng,”  ceuk Dani.

Nu aheng tina hasil rajinna latihan jurus teh lain wae meunang pangajen tina pasanggiri atawa muridna loba nu katampa sakola jeung kuliah tina Jalur Prestasi wae tapi nu boga kasakit asma jeung jajantung ge calegeur deui.

“Penca Silat sae pisan kango nambih kaluwesan murangkalih, kana palajaran di sakola ge janten pokus, percaya diri, sehat, sareng teu kacandak ku sakaba-kaba,” pokna.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler