Panineungan Nani Wijaya, Aktris Tuladaneun Balaréa  

18 Maret 2023, 09:06 WIB
Nani Widjaya.* /May Lodra /

 

 

GALURA - Panineungan aktris senior, Nani Wijaya, kétakna salila ancrub dina dunya akting mungguh tuladaneun balaréa.

Sakumna insan film nasional, boh entragan anyar boh entragan senior, sakitu ngajénan jeung mihormatna ka Nani Wijaya.

Ti keur budak kénéh, Nani Wijaya ancrub kana dunya seni, sok milu latihan nari di sanggar seni di Cirebon.

Tapak lacak Nani Wijaya dina dunya perfilman Indonesia gé euyeub ku préstasi, tur ngahudang rasa hormat ka inyana.

Ayeuna, Nani Wijaya geus taya di kieuna.

Baca Juga: Milu Makalangan dina Serial ‘The Last of Us’, Christine Hakim Kapeto Jadi Ilmuwan Indonesia

Wawar béja tilarna Nani Wijaya dibéwarakeun dina akun Instagram anakna, Cahya Kamila:

"INNALILLAHIWINAILAIHIROJIUN

Telah bepulang ibunda kami tercinta dengan tenang Ibu Hj. Nani Widjaya di RS Fatmawati 16 Maret 2023 pada pukul 3.28 WIB."

Nani Wijaya gumelar di Cirebon, 10 Novémber 1944. Ti keur budak sok latihan nari téa, tepi ka mampuh ngawasa tarian Sunda jeung Jawa klasik.

Jadi anggota pakumpulan tari Tunas Mekar taun 1957, salasahiji sanggar kawentar di Jakarta harita.

Nalika umur tacan 20 taun, Nani Wijaya remen diondang minton di Istana Negara Jakarta dina rupa-rupa acara kanagaraan.

Harita, Nani minton tari téh sok bareng jeung Irawati katut Indrawati ti Bandung.

Tah, taun 1959, minangka pamiangan lawang kesuksésan inyana dina dunya pintonan. Bakat jeung kaparigelanana matak mincut Nurkande, gegedén pausahaan film Anom Pictures.

Ku Nurkande tuluy diajak maen dina film Darah Tinggi, sutradara Lilik Sujio, tayang taun 1960. Dina ieu film, Nani merankeun gadis kos nu ririwit.

"Pun bapa ngidinan, ngan omat-omatan ulah milampah perkara nu matak ngisinkeun," ceuk Nani.

Baca Juga: Ngahirupkeun deui Galih jeung Ratna, ‘Gita Cinta dari SMA’ Ngahudang ‘Baper’ nu Lalajo

Ku teu disangka, film Darah Tinggi sakitu suksésna, akting Nani gé matak pogot dilalajoanan.

Ti harita, Nani Wijaya gilig ancrub kana dunya film, kalawan jadi pamaén utama, antarana dina film Di Lereng Gunung Kawi (1961), Kami Bangun Hari Esok (1964), Tikungan Maut (1966), jeung nu lianna.

Kamampuh aktingna, dina film Yang Muda yang Bercinta (1978) katut Kartini (1983) karya Sjumandjaja, dilélér Piala Citra Festival Film Indonesia (FFI) minangka Aktris Pendukung Terbaik.

Najan kawilang ngora kénéh, préstasina téh teu eleh jeung aktris-aktris senior mangsa harita.

Ka dieunakeun, karirna mingkin ngabelesat. Unggal maén dina film jeung sinétron, geus sidik éta film atawa sinétronna téh tuluy populér.

Salila karirna, Nani Wijaya maén dina leuwih ti saratus film katut puluhan sinétron.

Salasahiji sinétron nu jadi kameumeut masarakat, nyaéta "Bajaj Bajuri" (2002-2007).

Dina éta sinétron, Nani Wijaya lir jadi ikon, merankeun tokoh Ema nu lucu, pikakeuheuleun, turta mata duitan.

Baca Juga: Prilly Latuconsina, Ngarasa Bungah Bisa Nyugemakeun Indung-Bapana

Citra Nani Wijaya minangka tokoh Emak nu teu bisa leupas tina "Bajaj Bajuri", dilélér minangka Aktris Pendukung Terpuji dina Festival Film Bandung taun 2005.

Pon kitu deui, aktingna mawa image hadé kana sinétron Tukang Bubur Naik Haji.

Nani Wijaya ngadahup ka sastrawan Misbach Yusa Biran, kasinugrahan genep anak. Bungsuna, nyaéta Sukma Ayu suargi, ogé ancrub kana dunya akting.

Sabada Misbach Yusa Biran tilar dunya, Nani Wijaya ngadahup ka sastrawan Ajip Rosidi suargi.

Ketak jeung dédikasi Nani Wijaya dina dunya film, diajénan minangka anggota Golden Girls Perfilman Indonesia bareng jeung Ida Kusumah, Connie Sutedja, sarta Rina Hasyim.

Ku Forum Film Bandung (FFB), inyana gé dilélér pangajén Life Achievement taun 2010, tur saméméhna nampa Life Achievement SCTV Award 2004.

Baca Juga: Prilly Latuconsina, Keur Syuting, Dua Kali Gering jeung Asup Rumah Sakit

Waktu dikontak, Kemis, 16 Maret 2023, Ketua Umum FFB, Eddy D Iskandar, ngécéskeun, Nani Wijaya téh minangka salasaurang aktris watak pinunjul Indonesia.

Dédikasina kana dunya film, lian ti leubeut ku préstasi téh, ogé tuladaneun balaréa, diajénan tur dipihormat ku sakumna entragan insan film nasional.

Najan geus kawilang populér, inyana tetep basajan.

Samalah waktu anyaran ngarumahtangga jeung Misbach Yusa Biran, Nani Wijaya milu mantuan paékonomian kulawarga ku cara dagang és lilin jeung sajabana.

"Dédikasi jeung profésionalismeuna, tembong salila inyana teuleum dina dunya akting. Soméah ka sasama, basajan, jeung deuih Nani Widjaya mah teu kungsi kareungeu gusap-gosip. Teu matak héran, boh ku nu anyar boh ku nu senior, inyana sakitu dipihormatna. Nani Wijaya aktris tuladaneun balaréa," ceuk Eddy D Iskandar.***

Baca Juga: Sastrawan Ajip Rosidi (1938 – 2020): Antara Masyitoh, Jante Arkidam, jeung Bagus Rangin

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler