“Réni rumaos Kang! Réni mah sok judes, tapi katingtriman hate Réni téh ngancikna nalika babarengan jeung Akang!”
“Muhun Rén, tapi....”
“Tapi naon Kang?! Tapi geus cunduk waktu ninggang mangsa Akang rék ninggalkeun Réni?”
“Sanés Rén, Akang mah moal wasa maké jeung kudu ninggalkeun Réni.”
“Moal wasa kumaha? Geuning Akang mah réla ninggalkeun cinta pikeun nyorang nagri nu sakitu jauhna!”
“Ceuk saha Akang rék ninggalkeun ieu nagri?” tanya Kang Radyan bari ngangkat dua leungeunna.
“Na mémangna Akang gaduh jurus ngapung ti Bandung ka Amsterdam?” walon kuring judes.
“Rén dangukeun heula”.
“Mangga, geura caritakeun satarabasna, saacan Akang miang kajauhna,” témbal kuring bari ngabalieur.
“Akang mah teu hayang paanggang,” ceuk Kang Radyan.