Gonjak Asmara

- 30 Januari 2024, 14:00 WIB
Ilustrasi carpon Gonjak Asmara
Ilustrasi carpon Gonjak Asmara /Budi Riyanto/galura.co.id

Beuki pageuh reujeung keukeuh diri paheut pisan embung papisah. Moal boa kumaha kabayangna lamun geus aya dijauhna. Ngan ukur dipirig ku sesegrukan tandaning aya dina katunggaraan. Jol ngolébat sikep perhatianna nu moal aya dua, naha salila ieu kuring beut ngamomorékeun baé. Watekna nu mindeng ocon, bakal neuteuli yén kungsi remen jadi ubar nalika ati keur nalangsa. Singhoréng nyaan ceuk béja, ulah sok nganggap biasa kanyaah nu dibikeun ku papada jalma, sok komo geus pada-pada sawawa. Geuning ieu eusina cinta. Datangna teu méré béja, inditna gé matak tunggara. Kecap nyaah teu bisa kedal lantaran kahalang ku nyelekna ati.

“Atos Rén, tong nangis, akang mah sok teu téga” ceuk Kang Radyan ngupahan.

“Muhun Kang, punten,” témbal kuring bari ngaleupaskeun maneh tina rangkulan.

“Teu kudu melang jeung teu kudu hariwang Rén, Akang mah moal ngajauhan.”

“Bandung - Amsterdam téh lain dua tempat nu tatanggaan, Kang. Jauh pisan,”  ceuk kuring jero pisan.

“Memang, tapi Akang mah yakin pisan urang moal paanggang,” témbalna semu miharep.

“Gampang Kang kedal jangji mah, nu hése téh maheutkeunana,” ceuk kuring bari segruk ceurik ngahinghing.

“Rén....”

“Kang! Mémang salami ieu Réni rumaos sok ngamomorékeun Akang. Tapi ayeuna Réni sadar, yén Akang téh sok rajeun jadi batur Réni nalika bagja jeung nalangsa,” ceuk kuring bari cimata mah angger murubut.

“Rén....”

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

13 April 2024, 12:10 WIB

Minantu

20 Februari 2024, 12:51 WIB

Sempalan Ahir Désémber

5 Februari 2024, 15:22 WIB

Gonjak Asmara

30 Januari 2024, 14:00 WIB

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

22 Januari 2024, 11:22 WIB

Terpopuler

Kabar Daerah

x