Kuring ukur imut. Tidinya, Kang Radyan teu lemék teu nyarék, ukur neuteup leleb pisan. Nalika paadu teuteup, lalaunan dua dampal leungeunna raket ngaranggeum dampal leungeun kuring. Karasa pisan geter kaasih nu ngagolak dina batin nu sedih kingkin. Cimata nu tadi disumputkeun téh teu wasa némbongkeun keclakna nu méré siloka haté nalangsa.
“Rén, mun kudu ngaduakalian mah Akang nyarita, Akang téh nyaah pisan ka Réni. Ngan nepi ka danget ayeuna Akang mah can meunang jawaban nu pasti. Salila ieu can aya wanoja nu meulit ati Akang, iwal ti Réni” ceuk Kang Radyan, panonna neuteup leleb.
“Teu kedah gombal Kang. Kekecapan téh siga-sigana bakal sirna, nalika engké patepang sareng wanoja-wanoja di Amsterdam, nu pasti langkung geulis ti Réni. Sok komo dua taun diditu, moal henteu bakal seueur nu kapincut” témbal kuring bari malieuskeun paneuteup.
“Mémang enya kodrat lalaki mah pasti bakal resep ka wanoja nu ditingalina. Tapi ari nu paheut dina ati mah mung ukur hiji. Pikeun akang mah éta téh geus jadi tetekon hirup,” ceuk Kang Radyan nyaritana tatag pisan.
“Kumaha mun akang ngarempak tetekon éta?” tanya kuring bari semu dareuda.
“Berarti akang lain jajaka Sunda nu panceg,” walonna teges.
Ngadéngé omongan kitu, keclakna cimata beuki kerep waé. Beuratna kuciwa nu keur karasa, neueulkeun ieu sirah kana dada manéhna anu harita katémbong aya nu nyangkrung di sajeroning paneuteupna. Wanci sariak layung marengan dua ati nu keur pada-pada tumanya, naon hartina cinta?
“Rén, akang mah moal incah balilahan saacan Réni kersa nampi Akang mah. Ti mimiti pendak tug dugi ka ayeuna, Akang mah masih ngantosan.”
“Naon hartina, upami abdi kersa nampi Akang? Sedengkeun ayeuna kénéh Akang rék ninggalkeun banjar karang pamidangan pikeun nyorang nagri batur nu jadi harepan”
“Naha beut kudu hariwang? Ari enya bakal silipikacinta mah ati téh bakal siga langlayangan, anu sina ngapung ngawang-ngawang tapi tetep pageuh dicekel ti kajauhan” ceuk Kang Radyan teges pisan.