Gonjak Asmara

- 30 Januari 2024, 14:00 WIB
Ilustrasi carpon Gonjak Asmara
Ilustrasi carpon Gonjak Asmara /Budi Riyanto/galura.co.id

Simpé. Kuring teu lemék teu nyarék. Kang Radyan nuluykeun caritaanna.

“Rék paanggang kumaha atuh Rén, da akang mah kuliah di Amsterdam na gé kuliah onlén, sabab masih kénéh palaur ku mahabu na sasalad Covid-19. Jadi akang mah masih aya di sagédéngeun Adén Putri,” ceuk Kang Radyan bari semu nahan seuri.

Jelebét! Lir kabéntar gelap tengah poé. Rey beungeut téh beureum. Asa gendok siga bueuk meunang mabuk. Kuring nyo­rongot bari haté mah éra kacida. kang Radyan tembong ceuceuleukeuteukan semu mupuas.

“Euh. Dasar, sanés nyarios ti tatadi! Apal kitu mah teu kudu maké diceung­ceurikan,” témbal kuring bari ngadilak tuluy ngelapan cimata nu tatadi masehan pipi. Aslina éra pisan. Asa hayang ngaliang.

“Ulah bendu atuh, pan ari hirup mah kudu heuheuy jeung deudeuh saur Si Kabayan gé,” ceuk Kang Radyan bari ditungtungan ku seuseurian, bangun nu genah pisan.

“Tong seuri, teu lucu!” walon kuring muncereng tapi semu ogo. Sakadar nutupan kaisin.

“Goréng-goréng gé nu penting mah diceungceurikan ku wanoja nu dipikacinta,” ceuk Kang Radyan bari nyusutan cimata bakat ku genah seuri tayohna mah.

“Ayeuna mah mening urang mapay-mapay Jalan Braga, susuganan aya café nu muka, urang silih tanya ngeunaan cinta,” ceuk Kang Radyan dirungtungan ku seuri keom.

“Lebay!” témbal kuring kapiasem.

Wanci manjing ka sareupna, layung beureum geus némbongan.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

13 April 2024, 12:10 WIB

Minantu

20 Februari 2024, 12:51 WIB

Sempalan Ahir Désémber

5 Februari 2024, 15:22 WIB

Gonjak Asmara

30 Januari 2024, 14:00 WIB

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

22 Januari 2024, 11:22 WIB

Terpopuler

Kabar Daerah

x