Nu boga imah teu loba ngajak ngobrol da kabireungeuh lulungu kénéh. Kabireungeuh ngan merelek heuay.
Si Nunuy ngamalum. Nu jadi bibina téh pagawé bank badag. Kadudukanana nomer dua di éta bank. Wakil dirut, jigana. Ngan gawéna mungguh sibuk. Indit tabuh lima subuh, balik tabuh tujuh peuting. Nu matak Si Nunuy datangna bada isa. Salakina mumul nganganteur. Basana cukup ku éra.
Kumaha teu rék kitu sabab sabulaan sakali Si Nunuy nyusul “setoran” ti nu jadi bibina. Sabab bibina anu jadi wakil direktur bank téh rimbil ku kawajiban. Mangmayarkeun BPJS, méré uang bulanan keur bapana Si Nunuy, anu jadi lanceukna Bi Yanti.
“Cenah dagang cilok téh bangkrut?”
“Mung kiat sasasih, Bi ....”
“Nu matak ari usaha téh kudu diitung heula kamampuhna. Loba pisan nu daragang cilok téh. Lamun teu ngeunah-ngeunah teuing mah, kasaéngan ku anu leuwih bisa,” ceuk Bi Yanti.
“Yaktos, Bi ....”
“Dua taun deui Ibi téh pangsiun. Geus pangsiun mah, biheung mampuh biheung henteu mantuan bapa manéh,” ceuk Bi Yanti ngarahuh eungap.
Si Nunuy gé milu ngarahuh.
“Tapi bapa manéh, buruk-buruk papan jati. Ibi tetep kudu mikanyaah ka bapa manéh. Da éta téh lanceuk panggedéna, itung-itung gaganti kolot. Nya sakuat tanaga mah eudeuk tetep mantuan. Tah, ku sabab iyuran BPJS naék, Ibi nambahan bantuan. Nu tadina ukur Rp1.500.000 sabulan, ku Ibi ditaékkeun jadi Rp1.750.000 sabulan. Ké, ari Bi Yani, masih kénéh sok mantuan béas?” ceuk Bi Yanti.